Senin, 16 Januari 2012

Tarumanagara Karajaan Gede Di Nusantara (Bagian 2)

Salapan poe sabada wafatna Purnawarman, putra mahkota, Wisnuwarman dijungjung –lungguh jadi raja Tarumanagara ka opat, dina tanggal 14 bagian can, bulan Posya taun 356 Saka (3 Desember taun 434 M). Pesta ngadegraja lumagsung tilupoe tilupeuting. Dina tanggal 2 bagian caang,bulan Jesta taun 357 Saka (Mei/Juni taun 435 M), dikirim utusan Tarumanagara, mere iber ka sakur nagara sobat.Diantarana ka Cina, Syangka, Campa, Yawana, , Sumatera, Bakulapura, India, Srilangka, Darmanagari, jeung sababaraha nagara di Nusantara.Kalawan mawa pesen Purnawarman, sangkan sosobatan leuwih diraketkeun.
Tilu taun sabada Wisnuwarman ngadegraja,diayakeun upacara mandi di walungan Gangga(ayeuna jadi Setu Gangga, huluwotan Cisuba,di Cirebon) di Indrapahasta, nu harita diparentah ku Wiryabanyu. Karajaan Indrapahasta teh diadegkeun ku Maharesi Santanu, saurang pandita Syiwa, nu asalna ti lengkob Gangga, India. Santanu nikah ka Dewi Indari, putri Dewawarman 8. Dewi Indari teh adi Dewi Minati permaisuri Rajadirajaguru, raja Tarumanagara mimiti. Dina mangsa pamarentahan raja Jayasatyanagara, Indraprahasta jadi bawahan Tarumanagara,kawas Salakanagara. Eta sababna Wiryabanyu,anak Jayasatyanagara, ngabageakeun Wisnuwarman, make tatacara kanagaraan.Upacara mandisuci (matirtha) diiluan ku para gegeden nagara. Basa Wisnuwarman keur moro di leuweung,meh meunang bahla, aya opat jalma nu teu dipiwanoh rek maehan .Untung beunang diungkulan ku bhayangkara,opatanana dipateni. Peutingna aya nu nyulusup ka kamar sare raja, sarua rek maehan Wisnuwarman. Ngan barang nu jahat asup,inyana ngahuleng,sabab nempo permaisuri sare teu dibaju (tan rumasuk anggwan, tan inambeng ring wedihan sawiji).Si jahat teh geus lila pisah jeung pamajikan.Nempo kitu awakna ngadegdeg nafsu birahi, nepika bedogna ragrag.Wisnuwarman ngorejat,si Jahat diringkus. Da Wisnuwarman ge gede wawanen tur ahli kasantikaan,jago perang kawas ramana. Tanggal 14 bagian poek,bulan Asuji taun 359 Saka (September/Oktober taun 437 M), si Jahat nu diringkus teh dijagragkeun ka balewatangan. Wisnuwarman,ngahaja nanya bari lemah-lembut,nepika nu Jahat teh ceurik,era ku kawijaksanaan Wisnuwarman.Malah tuluy dileupaskeun ,dihampura,bari dibere hadiah. Dihareupeun para gegeden, nu jahat teh balaka, yen inyana dititah ku Sang Cakrawarman. Sarerea ngagebeg. Jeung enya Cakrawarman teu milu nyakseni persidangan. Cakrawarman teh paman Wisnuwarman,da adi Purnawarman. Cakrawarman dipercaya jadi panglima angkatan perang Tarumanagara(senapati baladhika),dipiserab sakumna eusi nagara. Loba pertempuran darat/laut nu dipiunggulna. Gegeden nu biluk ka Cakrawarman nya eta; Sang Hastabahu,wakil panglima angkatan laut; Sang Kuda Sindu,mentri urusan istana; Sang Bayutala, putra mahkota Gunungkidul; Sang Jayagiri,senapati Ujungkulon; Sang Bratawirya, Sang Tenggiling Wesi,panglima angkatan darat (wadya padati), Tumenggung Purwalingga, Sang Surayudha; Sang Purnawangi, mentri Argabhinta; Sang Tegalaksana,mentri Purwanagara; Sang Jayaghana, panglima daerah Sabhara; jeung Sagarantaka, saurang ksatrya ti Nusa Sabay.Pangna Sang Cakrawarman kitu laku,sabab manehna nu geus jadi wakil raja,teu dijenengkeun raja.Manehna ngarasa cape gawe teu kapake.Padahal geus dijangjikeun ku Purnawarman,yen mun engke kanyahoan Wisnuwarman teu nyumponan syarat jadi raja,mangka inyana nu kudu nyuluran. Tapi para sesepuh karaton, bet ngangkat Wisnuwarman,nu ceuk ukuran Cakrawarman,can pantes jadi raja. Sedengkeun inyana, geus gede jasa ka nagara,bari sagetih jeung Purnawarman. Cakrawarman kulantaran mindeng ngawakilan raja, ka jabaning nagri, teu apaleun yen Wisnuwarman geus digembleng elmu agama jeung kanagaraan. Cindekna Cakrawarman teh nyeri hate ku para sesepuh panasehat raja.
Upacara mandi suci dipake kasempetan keur mateni Wisnuwarman.Hanjakal gagal.Kagok borontok kapalang carambang, manehna sakalian ngayakeun pangbaruntakan,dibantuan ku para gegeden nu milu mangnyerikeun. Kulantaran para gegeden teh marawa pasukan sewing-sewangan, Cakrawarman ngayakeun kakacowan di mana-mendi,keur ngabuyarkeun perhatian pasukan Tarumanagara. Kulantaran pasukan Cakrawarman kawilang badag, pasukan Tarumanagara teu wani samarangan ngajorag. Wisnuwarman mepek balad pasukan inti Tarumanagara, dieuyeuban ku pasukan Wiryabanyu,jeung sababaraha nagara leutik Beulah wetan, nu sakira satia keneh ka Tarumanagara. Cakrawarman milih wewengkon leuweung Wanagiri, sisi Sarasahnadi (Cimanuk), manehna nyieun markas. Kungsi menta tulung ka mitohana, Prabu Satyaguna raja Cupunagara,tapi ditolak, disagigireun sieun ku pangwales Wisnuwarman, apan adi beuteung Cakrawarman alias putrid Satyanagara teh,aya nu kawin ka senapati laut Tarumanagara, nu harita keur miang ka Semenanjung. Satyanagara ngan nyanggupan bekel wungkul (logistik).
Pasukan Wiryabanyu, dibagi dua, nyerang ti Beulah Wetan jeung Kulon, masing-masing diluluguan ku Sang Raga Belawa, jeng senapati laut Sang Limbursakti. Dilengkepan ku Sang Bonggol Bumi,panglima darat. Disagigireun eta masih keneh dirempegan ku,panglima wadana, Sang Tambak Giri, mentri tanda, Sang Tunggul Wesi, kapala urusan istana Sang Tapak Batara, Prabu Sela Lingganagara,adi Wiryabanyu,nu dibere pancen jadi pranala (penghubung), buyut Wanagiri, Sang Babarkalih, amatya-tuha/mentri sepuh Sang Jarandewa, mentri anom Sang Wisagni, jeung panangkes padepokan kali Gangga, Sang pandita Brahmanaresi Samhitaka. Dina pasukan Wiryabanyu ge milu pasukan Sanggarung nu dipingpin ku Senapati Gorawa. Sawareh mapay walungan Cimanuk,dipingpin ku Sang Welutbraja. Bari ngadagoan pasukan ti Singanagara, Sindu Gurnita,jeung Gula Sagandu, pasukan Wiryabanyu nu geus datang tiheula, nyarieun kemah tengah leuweung Wanagiri. Sanggeus pasukan parahu haranjat ti Manukrawa,kakara pasukan gabungan teh usik ka kidulkeun,tuluy mengkol ngulon.Tegesna markas Cakrawarman teh dikepung ti unggal juru. Serangan dimimitian mangsa fajar.Dibuka ku apuy cinakraken(panah seuneu),nepi ka pasukan Cakrawarman nu lolobana sarare keneh,pahibut bari lulungu, paburisat lalumpatan ,bari tingkoceak tinggolepak kasambut panah.Perang pupuh perang campuh teu bisa dikelah deui. Poe ka dalapan kakara tembong hasilna,perang sadulur teh Cakrawarman pejah ku Wiryabanyu. Kabeh tawanan diakut ka puseurdayeuh Tarumanagara di Sundapura. Kabeh ditibanan hukuman sacara adil nurutkeun darma. Pangbaruntakan Cakrawarman nu salila 28 poe, ti tanggal 14 bulan Asuji,nepi ka tanggal 1 bulan Kartika,taun 359 Saka = 437 M. Mangrupa pangbaruntakan nu mimiti jeung panungtung di karajaan Sunda,salila 14,5 abad (ti mimiti Salakanagara taun 130 M, nepi ka runtagna Pajajaran taun 1579 M). Sarengsena perang, Wisnuwarman kawin ka Suklawatidewi, putri Wiryabanyu. Wisnuwarman diistrenan jadi maharaja Tarumanagara kalawan gelar,Sri Maharaja Wisnuwarman Iswara Digwijaya Tunggal Jagatpati Sang Purandarasuta,marentah salila 21 taun ti taun 356 nepi ka 377 Saka = 434-455 M. Diganti ku Indrawarman,raja Tarumanagara ka lima,nya eta putra cikal turunan ti Suklawatidewi. Prameswari Wisnuwarman teh adi raja Bakulapura/Kutai. Nya eta Dewi Suklawarmandewi. Sabenerna antara Wisnuwarman jeung Suklawarmandewi teh pada-pada buyut (turunan ka tilu) Dewawarman VIII.Hanjakal putri geulis ti Kutai teh wafat anom keneh,teu kungsi ngalahirkeun turunan,gaduh panyawat gering weteng nonjok(maag?).
Indrawarman,raja Tarumanagara ka lima,nurutkeun pustaka Jawa, Pararatwan I Bhumi Nusantara, diistrenan jadi maharaja taun 377 Saka= 455 M. make gelar Sri Maharaja Indrawarman Sang Paramarta Saktimahaprabawa Lingga Triwikrama Buanatala.Marentah salila 60 taun(455-515 M).Di jaman pamarentahan Indrawarman,Tarumanagara ngalaman puncak kajayaan.Boh perdagangan,pertanian,jeung kaagamaan.Tilu palabuhan; Ujungkulon,Kalapa,jeung Bulakkapal,pinuh ku kapal dagang nagri deungeun.Nu istimewa najan raja,para gegeden jeung prajurit ngagem agama Wisnu,tapi nu agama lain Wisnu ge diaku (winursita),tengtrem taya pacogregan teu silih curiga (tan hanakeng irsya). Indrawarman ge milampah regenerasi,paman Indrawarman (adi Wisnuwarman),Sang Karabawarman,ngaping jadi mentri utama Tarumanagara,Widalawarman,adi Indrawarman jadi panglima angkatan perang ngaganti Cakrawarmanan. Ti prameswari, Indrawarman ngarundaykeun turunan putr/putri.Nu cikal Sang Candrawarman,digadangkeun jadi putra mahkota.nu istri Dewi Komalasari, nikah ka mentri Karajan Kandari. Nu katilu, Sang Santawarman, jadi brahmanaresi.

Sang indrawarman waafat taun 515 M,diganti ku Candrawarman,raja kagenep Tarumanagara, marentah salila 20 taun, (ti 515-535 M).Candrawarman dibere gelar nobat, Sri Maharaja Candrawarman Sang Hariwangsa Purusasakti Suralagawagengparamarta.Sabage raja ka genep,Candrawarman kawaris katengtreman jeung karaharjan rahayat (kretasubhika), inyana raja nu jembar panalar,jembar hampura. Toleransi agama dilegaan kana pamarentahan.pikeun meungkeut raja-raja daerah,sangkan satya, carana ku dibere kapercayaan nu leuwih gede pikeun ngolah nagarana sewang-sewangan (otonomi daerah). Pamarentahan di unggal daerah dipasrahkeun ka turunan anu hak, dasarna kasatiaan ka Tarumanagara. Katerangan dina Jawadwipa parwa I sarga 3 kasebut, nembongkeun yen pamarentahan “tangan besi”jaman Purnawarman geus ditinggalkeun.Ieu ge jadi indikasi yen situasi politik jaman Candrawarman stabil. Maharaja Candrawarman ngarundaykeun tilu putra saurang putri. Nu cikal Suryawarman,engkena jadi raja ka tujuh. Nu kadua Mahisawarman,engkena jadi mentri utama Tarumanagara, nu katilu Sang Matsyawarman.jadi panglima pasukan laut (senapati sarwajala).Nu kaopat Dewi Bayusari, ditikah ku putra mahkota karajaan Pali (pernahna di Sumatra bagian tengah kaler.taun 676 M.Kulawarga Karajan Pali ngungsi ka pulo Bali,sabab diserang ku Sriwijaya (Pustaka Nusantara, parwa 1 sarga 3).
Sawafatna Candrawarman, korsi karajaan dipasrahkeun ka Suryawarman,kalawan gelar wisuda na, Sri Maharaja Suryawarman Sang Mahapurusa Bhimaparakrama Hariwangsa Digwijaya. Nyakrawati bahudenda salila 26 taun, ti 535-561 M. Pancenna neruskeun galur ramana,pamasrahan pamarentahan raja daerah ka turunanana dilegaan. Suryawarman ninggalkeun prasasti batu, di wewengkon Pasir Muhara-Cibungbulang- Bogor,sisi sawah kira 1 kilometer ti prasasti Purnawarman.Eusi prasasti mangrupa inkripsi 4 jajar. Bacaanana (ceuk Bosc ):
Ini sabdakalanda rakryan juru panga
mbat I kawihaji panyca marsa
ndesa barpulihkan haji su
nda

Tarjamahna: Ieu tanda ucapan Rakryan juru Pangambat dina (tahun saka) 458 (yen) pamarentahan daerah dipulihkeun ka raja Sunda.
Ngeunaan daerah atawa desa Sunda nu kapanggih dina katerangan pustaka Jawadwipa, parwa 1 sarga 3 kaca 79, basa nyaritakeun Maharaja Tarusbawa, dina taun saka 592 = 670 M.ngaganti ngaran Tarumanagara jadi karajaan Sunda. Disebutkeun yen, “Telas karuhun wus hana ngaran desa Sunda tathapi ri sawaka ning raja Taruma. Tekwan ring usana kangken ngaran kitha Sundapura. Iti ngaran purwaprastawa saking Bhratanagari” (Satemenna baheula geus aya ngaran daerah Sunda tapi masih ngaub ka karajaan Taruma,dina mangsa baheula dingaranan daerah(kota) Sundapura,ieu ngaran teh asalna ti India).
Prasasti Tarumanagara
Dina prasati tambaga ti Kabantenan, abad 15/16, daerah/desa Sunda teh disebutna Sunda Sembawa (Sunda nu asal), ieu prasasti teh ngondang dua panalek nu can kajawab; kahiji, Naha mungkin, di jaman Suryamarman, ibukota Tarumanagara geus dipindahkeun,henteu di Sundhapura deui? Ka dua, Naha prasasti ngeunaan pamulihan pamarentahan ka raja Sunda, bet aya di kampung Muhara,padahal Sunda Sembawa,atawa Sundhapura, kuat disangka, aya di wewengkon basisir Bekasi?. Eta dua panalek payus diasongkeun, sabab kampung Muhara,tempat kapanggihna sababarahiji prasasti Purnawarman, baheulana urut karajaan Pasir Muhara,bawahan Tarumanagara.Cag.(lajengkeuneun).

Tidak ada komentar:

Posting Komentar