
Nyuguhkeun sajarah Sunda nu dipitembeyan ngawanohkeun Salakanagara (130 M -363 M) engkena dipungkas ku runtagna Pajajaran (1579 M), keur kuring mangrupa kawajiban. Maksud ge hayang ngembarkeun ka balarea seler /etnis Sunda boh entragan heubeul boh entragan anyar, sangkan wanoh kana sajarah Sunda, ulah pareumeun obor, najan kawas tapak meri dina cai.
Tapi ieu nu dipidangkeun teh, hasil panalungtikan para ahli nu icikibung ngacakngebur di Lembaga Penelitian, Pengembangan & Pengkajian Budaya Sunda (SUNDANOL0GI), Kayaning: Drs. Atja, Prof.Dr. Edi S. Ekadjati (alm), Prof. Dr. Ayatrohaedi(Alm), Prof. Dr. Iskandarwassid, Drs. Saleh Danasasmita, Dr. Uka Tjandrasasmita, Jrrd. Jadi pamikir kuring, ngeunaan kajian/sistematika ilmiahna mah, geus beunang, teu kudu ham-ham. Ngan meureun dina cara nyuguhkeun nu beda jeung cara nyuguhkeun kuring. Da puguh rumasa kuring mah lain akademisi, lain historiolog, lain antropolog, lain filolog, lain sosiolog, lain arkeolog. Pedah we lebar data sajarah teu di publikasikeun. Leupas tina bener jeung salah, ilmiah teu ilmiah,keur kuringmah, balarea kudu nyaho. Sunda teh geuning boga sajarah, teu nebeng wae ka Jawa.Pameunteun jeung tafsiran mah pek we sewang-sewangan, pada dipayungan ku intellectual of human right.
Ngadegna karajaan Galuh teh dipitembeyan ku ngadegna karajaan Kendan, nu pernahna 500 meter kiduleun Cicalengka Kab.Bandung (di Bojong Menje, kiduleun Cicalengka kapanggih aya candi, nu diadegkeun abad ka 7,kawasna raja Kendan nu nyieun.Tapi eta candi geus 3 taun teu bisa dikali terus, da eleh ku pabrik bogana cina). Kira-kira 200 meter kalereun stasiun Cicalengka aya situs purbakala, nu disebut pamujaan. Meureun urut kabuyutan.Ceuk Pleyte (1909) didinya kapanggih aya paturng Durga leutik, nu ayeuna di teundeun di Museum Jakarta. Ayana patung Durga, ciri didinya mekar agama Siwa, kawasna ti aliran Cakta, da Durga dianggap Cakti. Dina carita rayat didinya, disebut Nini Darugi. Nini Darugi kapanggih tina prasasti Sri Jaya Bhupati, jeung carita Lutungkasarung ti Kanekes (Baduy). Di Kendan loba kapanggih parabot neolithik, hartina geus aya padumuk ti memeh abad Masehi. Dina carita rayat Nagreg aya kasebut tokoh Manikmaya. Dina Pustaka Rajyarajya I bhumi Nusantara Parwa II sarga 4 kaca 30, disebutkeun yen;’ Sang Resiguru Manikmaya, datAng ti Jawa Timur, nagri asalna ti India,wangsa Calankayana.Samemehna Manikmaya geus ngajugjug Gaudi(Bengala),Mahasin(Singapura),Yawana, Sangka, Gohnusa (Bali),Cina, jrrd. Kulantara Resi Manimaya kawin ka Dewi Tirtakancana, putri Maharaja Suryawarman ti Tarumanagara, Inyana dijungjunglungguh jadi raja daerah di Kendan. Jadi tokoh Resiguru dina Carita Parahyangan teh, minantu Maharaja Suryawarman. Resiguru Manikmaya marentah di Kendan ti taun 536-568 M. Ti Dewi Tirtakancana, lahir Rajaputra Suraliman, nu dina umr 20 taun geus dijenengkeun jadi bhaladika ning wadyabala (panglima) Tarumanagara, sabab kanyahoan pinter perang (yuddhenipura). Sanggeus Resiguru Manikmaya wafat, Sang Baladika Suraliman dijungunglungguh jadi raa,di Kenan, nu diistrenen dina tanggal 5 Oktber 568 M. Suraliman kawin ka Dewi Mutyasari, putrid Sang Kudungga ti Bakulapura, Kutai. Ti eta putriSuraliman boga dua turunan, nu cikal lalaki, Sang Kandiawan/Sang Rajaresi dewaraja/Sang Layuwatang.Nu bungsu Sang Kandiawati nu kawin ka saurang sudagar ti Sumatra. Suraliman jadi raja salila 29 taun, ti 568-597 M.
Sawafatna Raja Suraliman, Sang Kandiawan jadi raja di Kendan ti taun 597-612 M. Harita Sang Kandiawan ngarangkep jadi raja di Medang Jati. Sang Kandiawan boga adi 5 nya eta; Sang Mangukuhan, jadi raja di Kuli-kuli; Sang Karungkalah, jadi raja di Surawulan; Sang Katungmaralah jadi raja di Peles Awi; Sang Sandanggreba jadi raja di Rawunglangit;Jeung Sang WretiKandayun jadi raja di Menir. Tahta karajaan Kendan ragrag ka Wretikandayun, nu bungsu. Naon sababna, duka teuing. Ngan dina Carita Parahyangan, dijelaskeun, sababna cenah, Mangukuhan jadi pahuma(peladang),Karungkalah jadi pangerek (pemburu), Katungmaralah jadi panydap (penyadap nira),jeung Sanggragreba jadi padagang. Mun dicantelkeun kana katerangan naskah Nusantara II/4, bisa dicindekkeun yen maranehna nu jadi pangawasa daerah, ngan mentingkeun urusan kadunyaan. Sedengkeun nu jadi rajaresi ngan Wretikandayun wungkul. Padahal aki jeung buyutna ngarangkep jadi pamingpin agama (rajaresi).Ku munculna Wretikandayun jadi waris tahta, mangka periode Kendan nu lumangsung salila 76 taun(536-612 M),enggeusan. Satuluyna nincak kana mangsa Karajaan GALUH.
Galuh Leupas ti Tarumanagara
Wretikandayun nu dilahirkeun taun 591 M.dijenengkeun raja Kendan dina umr 21 taun. Wretikandayun teu cicing di Kendan tapi di Medangjati, nu puseurdayeuhna diadegkeun anyar, ngaranna GALUH (permata),lokasina di muara Citanduy jeug Cimuntur,ayena mah jadi desa Karangkamulyan, kacamaan Cijeungjing, kabupaten Ciamis. Kawin ka anak pandita Makandria, dewi Manawati, sabada jadi prameswari diistrenen jadi Dewi Candraresmi, nu dina Carita Parahyangan mah disebutna Pohaci Bungatak mangalengale. Tina eta perkawinan lahir, Sempakwaja (620 M), Janaka (622 M.), jeung Amara (624 M). Wretikandayun jadi raja daerah bawahan Taumanagara, ngalaman sababaraha kali ganti raja di Tarumanagara, ti mimiti Sudawarman, Dewamurti, Nagajayawarman, Lingawarman(lanceuk Tirtakancana).Taun 669 Linggawarman wafat, diganti ku minantu, nya eta Maharaja Tarusbawa. Harita umur Wretikandayun 78 taun. Kabeneran ngaran karajaan diganti da puguh geus surem, tina Tarumanagara jadi Sunda. Kasempetan, keur Wretikandayun misahkeun maneh ti Sunda, alesanana lain Tarumanagara. Jeung kabeneran Tarusbawa teh salaki kaponakan jauh, nu umurna leuwih ngora 41 taun da Tarusbawa lair taun 632 M. Wretikandayun ngirim surat ka Tarusbawa menta Karajan dipisahkeun, watesna Citaum. Kuloneun Citarum jadi Sunda, wetaneun Citarum jadi Galuh. Padahal ka wetanna Tarumanagara teh nepi ka Purwalingga/Purbolinggo di Jawa Tengah. Tarusbawa satuju, taun 670 ngaran Tarumanagara leungit.

Galuh nganyam sosobatan jeung Ratu Shima ti Kalinga Jawa Tengah, malah tuluy jadi besan, Amara (Sang Mandiminyak) di kawinkeun ka putri mahkota Kalinga, Dewi Parwati .Eta kanyatan jadi leuwih raket, sabada Mandiminyak jeung Parwati jadi raja di Galuh eung Kalinga. Wates kawasaan beuki dikuatan ku walungan Cipamali (teu meunang dirobah/dilanggar) . Keur jaman Purnawarman mah wates teh Kali Kliwang anak Kali Serayu, Nepi ka abad ka 15 masih keneh jadi kakawasan Galuh, sabab 2 urang anak Dewaniskala, nya eta Banyakcatra (Kamandaka), jeung Banyakngampar, jadi raja di karajaan Pasirluhur jeung Dayeuhluhur, wewengkon Purwalinga.
Perang Sadulur di Galuh
Wretikandayun nu dibere umur panjang, ngadegkeun Karajan Galuh. Tina tilu anakna nu jadi raja teh Sang Amara. Pangna kitu sabab, Sang Sempakwaja Pohang teu mungkin jadi raja,tuluyna dijenengkeun jadi resi di Galunggung. Sang Jantaka boga panyakit kemir (hernia) teu mungkin jadi raja. Nya putra mahkota diangat nu bungsu Sang Amara alias Sang Mandiminyak. Sempakwaja nu dibere gelar Sang Danghyang Guru Galunggung kawin ka Pohaci R ababu, nu asalna ti Batur (Petapan) Kendan. Tina eta perkawinan Sempakwaja boga dua anak, Sang Purbasora (lahir 643 M) jeung Sang Demunawan (lahir 646 M). Salaku Resiguru Sempakwaja ge ahirna jadi raja daerah ngabawah sababaraha hiji Karajan leutik di wewengkon Galungung. Sang Jantaka dijenengkeun resi di Denuh, wewengkon Galuh kidul, gelar Sang Resiguru Wanayasa, atawa Rahyang Kidul, boga anak hiji nya eta Sang Bhimaraksa(engkena jadi panglima Galuh, tuluy nyamur jadi Aki Balangantrang nu cicing di Gegersunten). Bhimaraksa lahir taun 653 M. nu di jaman pamarentahan Purbasora jadi paglima perang Galuh. Tina 3 anak Wretikandayun ngan Amara nu teu cacad awakna, nya inyana dijadikeun putra mahkota.
Sang Amara atawa Sang Mandimnyak karesepna sukan-sukan pelesiran alias senang-senang. Hiji waktu Mandiminyak ngayakeun utsawakarma (pesta perjamuan), tapi nu ngondang mah retikandayun. Atuh loba para gegeden ti unggal nagara nu daratang. Malah Sempakwaja ge diondang, ngan kulantaran keur gering, nya ngutus Pohaci Rababu, ka Galuh. Ari Pohaci Rababu teh sohor kageulisanana, da kawinna ka Sempakwaja ge lain dihaja alias unik. Hiji waktu Rababu jeung dua urang baturna marandi di talaga Candana, kabeneran Sempakwaja keur moro. Pakean Rababu ka kait ku Sempakwaja, atuh basa batur Rababu geus dibaraju tuluy balik, Rababu mah teu bisa kaluar tina cai dan bajuna leungit. Sempakwaja balik deui ka talaga Candana, baju Rababu dibikeun, ahirna dikawin najan umur Rababu leuwih ngora batan Sempakwaja. Kadatangan pamajikan lanceuk nu kasoor kageulisanana, kabeneran Mandiminyak ge kasep, atuh nu asalna gaul antara, Lnceuk jeung adibeuteung, jadi kabongroy, nepi ka duanana poho milampah smarakarya. Rababu ngendong di Galuh salila 6 poe. Tina eta hasil pesta, Rababu ngalahirkeun budak lalaki nu dingaranan Sena, lahr taun 661 M. Sabage hiji resi, Sempakwaja nyahoeun, ngan teu nyieun tindakan nanaon. Orokna dicokot ku Mandiminyak, ari Rababu dipulangkeun ka Sempakwaja. Horeng eta kajadian teh jadi bibit buit pacengkadan di karaton Galuh, sabab Purbasora jeung Demunawan nu harita umurna 18 jeung 15 taun apaleun yen Sena teh, hasil tina hubungan poek antara pamanna jeung indungna.Cag (lajengkeuneun).
Tidak ada komentar:
Posting Komentar