
Kajadian putra mahkota Galuh boga orok, teu wudu ngageunjleuhkeun kalangan karaton Galuh. Wretikandayun satekah polah niiskeun kariweuh ku cara nyingkurkeun Mandiminyak ti karaton, ku cara ngawinkeun Mandiminyak ka Dewi Parwati putrid Kartikeyasinga raja Kalingga, Jawa Tengah. Ku eta perkawinan, Wretikandayun lain ukur untung bisa ngarepehkeun pasualan, tapi sakalian boga balad kuat keur tatan-tatan ngabebaskeun Galuh ti Tarumanagara. Taun 674 Kartikeyasinga wafat, karajaan dikawasa ku istrina, Ratu Sima, kalawan gelar Sri Maharani Mahisasuramardini Satyaputikeswara.
Mandiminyak jeung Narayana adi beuteungna, jadi pembantu utama Ratu Sima. Ratu Sima kasohor geulis jeung pinter (Nagara Kerabhumi,IV:50)
Ratu Sima ngalaman kariweuhan politik, nu jadi sabab harita di Sumatra ting pucunghul karajaan laleutik, nu ngumpul jadi dua kolompok, sawareh diluluguan ku karajaan Pali, sawareh deui ku karajaan Melayu Sribuja di Palembang. Taun 670 kaayaan robah, Sriwijaya nu puseurna di Jambi, nu tadina bawahan karajan Melayu Sribuja, mucunghul jadi karajaan gede. Ratu Sima karek 2 taun jadi raja, taun 676 Sriwijaya ngalegaan wewengkonna ku cara nyerbu nagara-bagara lian, nepi ka satengah wewengkon karajaan Melayu direbut, diteruskeun ka karajaa Pali (karajaan gede nu ngawasa satengah pulo Sumatra) teh eleh. Sabagian gede kulawarga karajaan Pali ngungsi ka pulo Bali. Sriwijaya nu dipingpin ku Dapunta Hyang Sri Jayanasa (adi beuteung Maharaja Sunda Tarusbawa, eta sababna Sriwijaya teu nyerang Sunda), nyerang Mahasin (dina carita Nusantara II/3 kaca 17, Mahasin teh disebut Tumasik nu ayeuna jadi Singapura). Sawareh ngungsi ka Kalimantan, ngadegkeun poseur kakawasaan anyar di desa Banjar, disebut Banjar Mahasin, nu ayeuna jadi Banjarmasin. Taun 682 Srijayanasa balik deui ngidul nyerang karajaan Minangkau, sakalian tatan-tatan nyerang sesak karajaan Melayu Sribuja di Palembang. Tah Raja Melayu Sribuja teh ua Kartikeyasinga ti pihak indung. Jadi Ratu Sima ka Raja Melayu teh kapi lanceuk. Nempo kahebatan Sriwijaya, Ratu Sima riweuh, eta sababna Ratu Sima gancang mepek balad, nyieun hubungan jeung sababaraha karajaan, kaasup nguatan hubungan jeung Galuh. Pedah Ratu Sima appal, yen Srijayanasa dulur Prabu Tarusbawa ti Sunda, duanana papada minantu Linggawarman ti Tarumanagara, jeung dianggapna Sunda ngewaeun ka Galuh. Sakalian Ratu Sima ngajodokeun incuna Dewi Sanaha anak Mandiminyak ti Parwati ka SENA anak Mandiminyak ti Rababu. Disebutna kawin “manu” kawin ka dulur pet ku hinis. Tina eta perkawinan lahir Sanjaya taun 683 M. (Silsilah Sanjaya kapanggih dina Prasasti Canggal taun 732 M). Dina taun eta Srijayanasa ngarebut Palembang ku kakuatan 2 laksa (20.000) prajurit. Sri jayanasa jadi raja Sriwijaya 669-692 M. ngawasa Sumatra jeung Semenanjung. Runtuhna karajaan Melayu ngahudang amarah Ratu Sima, nolak hubungan sosobatan nu diasongkeun ku Srijayanasa. Dendam Ratu Sima jaga dibales ku Sanjaya mangsa Sanjaya jadi raja di Sunda jeung Galuh, ku cara nalukkeun raja Sriwijaya ka 5 Indrawarman (718-730M).
Parebut Tahta di Galuh
Wretikandayun dianugrahan panjang umur, wafat taun 702 M. Diganti ku putra mahkota, Mandiminyak, nu samemehna bareng jeung Parwati ngawasa Kalinga kaler. Maharani Sima wafat taun 695 M. Karajaan dibagi dua antara Parwati jeung Narayana. Parwati marentah 695-716,kabagean Beulah kaler disebut Bumi Mataram. Narayana 695-742 M. gelar nobatna Iswarakesawa Lingga Jagatnata Buwanatala, kabagean Beulah Kidul-Wetan nu disebut Bumi Sambara, raja ieu nu disebut Hyang Isora Raja Balitar dina Carita Parahyangan.
Ku wafatna Ratu Sima, Mandiminyak balik deui ka Galuh, istrina tetep di Mataram, ewe-salaki duanana jadi raja. Mandiminyak gancang ngomean hubungan jeung Sunda, sabab inyana appal yen Tarusbawa simpati ka Kalingga, matak basa Srijayanasa rek nyerang Kalingga taun 686 M, dicarek ku Tarusbawa, nepi ka teu tulus.SRijayanasa ngagugu jeung ngahormat ka Tarusbawa. Taun 704 Mandiminyak ngajodokeun incuna (Sanjaya) ka incu Tarusbawa , putri Sunda, Sekar Kancana atawa Teja Kancana Ayupurnawangi. Tina eta perkawinan lahir Sang Tamperan alias Barmawijaya. Aribapa Tejakancana teh putra Mahkoita Sunda, kulantyaran maot ngora-ngora, Teja Kancana diaku anak ku akina, Maharaja Tarusbawa. Ku eta perkawinan, kalungguhan Mandiminyak beuki kuat di Galuh, najan kulawarga karaton Galuh teu raresepeun, sabab leuwih simpati ka turunan Sempakwaja, di sagigireun eta ku posisi perkawinan, kulawarga Sempakwaja ge leuwih kuat.

Purbasora anak cikal Sempakwaja, geus jadi minantu Padmahariwangsa nu dina taun 707-719 jadi raja Indrapahasta,di wewengkon Cirebon. Demunawan, putra bungsu Sempakwaja kawin ka putri Sangkari, anak Sang Pandawa alias Sang Wiragati, raja Kuningan, dina taun 671 M. eta dua karajaan weweg, nu resmina jadi bawahan Galuh teh, geus jadi balad Dahyang Guru Sempakwaja nu ngawasa karajaan Galunggung, tur ngabawah 12 karajaan leutik liana. Mandiminyak wafat taun 709, gagantina raja Galuh ka tilu, nya eta Sena. Sabage bapa Sanjaya, Sena nyobat jeung Tarusbawa.. Bedana Sena mah teu kawas bapana nu kejem, bengis. Sena mah taat kana agama jeung hade hate. Matak najan teu dipikaresep ku kulawarga karaton Galuh, Sena dihormat jeung diajenan ku tokoh-tokoh agama. Sena ge hormat ka Purbasora jeung Demunawan nu memang lanceuk saindung, tapi kaceuceub Purbasora jeung Demunawan geus nanceb manten hese dirobahna. Purbasora nu ngarasa boga hak waris kana tahta Galuh nu diadegkeun ku akina (Wretikandayun), jeung nyaho riwayat lahirna Sena teh ngageunjleuhkeun Galuh, matak teu dipikaresep ku kulawarga karaton ge, Purbasora dirojong ku mertuana, geus tatan-tatan nyayagakeun prajurit Indrapahasta, pikeun nyokot hak tahta karaton Galuh.
Nempo galagat kitu, Sena gancang ngirim utusan ka Sunda, menta bantuan ka Tarusbawa, tapi pasukan Sunda elat datangna, karek jol sanggeus Purbasora ngawasa karaton Galuh. Purbasora ge apaleun rek aya prajurit Sunda, tapi ku kacepetan/kaseukeutan taktik strategi, Purbasora leuwih tiheula ngajorag jeung ngawasa Galuh. Prajurit Sunda, dipapag ku duta Sunda di Galuh. Prajurit Indrapahasta ditambah prajurit Sang Wiragati ti Kuningan, mertua Demunawan. Pasukan badag teh dipingpin ku Bimaraksa, alias Balangantran, putra Resiguru Wanayasa, ti Denuh. Hadirna Bimaraksa alias Balangantran dina pasukan Purbasora, mibanda ajen politik luhur, sabab tilu urang incu Wretikandayun nu sah, nyerang saurang incu Wretikandayun nu dianggap teu sah, tapi ngawasa karaton Galuh. Posisi Sena kacida sulitna.
Pasukan badag kalawan persiapan nu asak, ditambah rojongan moril ti kulawarga karaton Galuh, nyanghareupan prajurit Galuh nu perang satengah hate, bari apaleun, musuh teh leuwih boga hak kana tahta Galuh sacara sah, tur leuwih hak batan Sena nu kudu dibelaan.Teu aneh mun dina waktu nu singget pasukan Galuh bisa ditalukkeun. Purbasora ukur haying nyingkirkeun Sena, teu boga maksud nangtang Maharaja Tarusbawa. Eta sababna, basa Sena ngalolos ti karaton ka Jawa Tengah, sabab inyana p[utra mahkota Kalingga Kaler/ Bumi Mataram, nu harita dirajaan ku ibuna, Parwati.
Basa pasukan Sunda dating ka Galuh, disambut ku pasukan kahormatan, pasukan Sunda teu apaleun yen karajaan geus robah nu ngawasana. Disangkana pasukan kahormatan nu mapag teh pasukan Sena. Padahal harita Purbasora geus ngarobah taktik. Duta Sunda jeung kulawargana sina ngariung di karaton, tuluy sina ngajelaskeun ka pamingpin pasukanSunda, kajadian sabenerna. Lamun pasukan Sunda teu ngarti, bakal ngajadikeun perang gede, nu pangheulana korban nya Sang Duta Sunda jeung kulawargana nu disandera ku Purbasora dijieun “tamu kahormatan”. Untung Sang Duta bisa nerangkeun kalawan bener, tur pamingpin pasukan Sunda ngarti. Ahirna diayakeunh jamuan badag keur pasukan Sunda. Sang Duta Sunda, ditugas mulang ka Sunda bareng jeung pasukan Sunda, bari mawa surat ti Purbasora keur Tarusbawa, yen kajadian di Galuh,estu kajadian interenkaraton Galuh, sakalian Purbasora ngajak sosobatan ka Tarusbawa. Ku ngingetkeun yen besanna Sena salamet ngaloloskeun diri, Tarusbawa teu papanjangan, jeung sabenerna harita Tarusbawa keur pusing ku gangguan bajaglaut di Selat Sunda, najan samara-samar inyana ngarti yen bajaglaut teh didalangan ku Sriwijaya.
Akibat kajadian parebut tahta di Galuh, Sena ngan 7 taun jadi rajana ( 709-716), ti taun 716 Purbasora jadi raja Galuh, harita umur Purbasora geus 73 taun,prameswarina, Citra Kirana, putrid cikal raja Indrapahasta, ngalahirkeun putra cikal Wijayakusuma taun 665, ditunjuk jadi putra mahkota Galuh. Ki Balangantran alias Bimaraksa, minantu Purbasora, dijenengkeun patih Galuh. Jadi karaton Galuh dikawasa ku turunan Sempakwaja jeung Jantaka, duanana incu Wretikandayun. Tina tilu putra Wretikandayun horeng nu bungsu Mandiminyak maot tiheula, dua lanceukna Sempakwaja jeung Jantaka mah paranjang umur.(Lajengkeuneun).
Tidak ada komentar:
Posting Komentar