Senin, 16 Januari 2012

Mohammad Toha, Pahlawan Bandung Selatan

Urang Bandung pada arapal, terminal, Kebon Kalapa, mun teu salah awal taun 70-an tadina terminal Mohammad Toha, diganti jadi terminal Abdul Muis.Jalan nu ti jalan Pungkur nepi ka Bypas Soekarno-Hatta, disebut jalan Mohammad Toha, aya pasar tukangeun ITC Kebon Kalapa, ngaranna pasar Mohamad Toha. Malah aya SD ngarana SD Mohammad Toha. Saha ari Mohammad Toha teh? Rada hese neangan jalma nu apal kana raratanana, galur bajuangna, komo kana riwayat hirupna,Mohammad Toha. Ukur tatalepa tina cenah kana cenah nu jolna ti kolot, nu kungsi milu jadi pajuang angkatan 45. Mang Didi, nu disarebut Abah hiji kolot nu legok tapak genteng kadek, lega ambahan pangalamanana, malah kungsi jadi pajuang 45, milu ngarebut kamerdekaan Indonesia.
Ngalaman perang jeung tentara Inggris Ghurka, tentara Jepang, malah jeung tentara Walanda KNIL., tentara Walanda APRA (Angkatan Perang Ratu Adil) pingpinan Kapten Westerling. Sakur bangsa deungeun nu hayang ngajajah Indonesia, arasup ka dayeuh Bandung. Dilalawan ku organisasi-organisasi pamuda pajuang, BKR (Badan Keamanan Rakyat, nu engkena jadi TNI )-.kungsi ngadongengkeun perjuangan Mohammad Toha. Inget-inget poho, pokna, kieu cenah:
Di hiji gedong di jalan Tamblong, nu ayeuna dijieun museum Mandala Wangsit Siliwangi, mun teu salah harita antara taun 1945-1946, dipake markas tentara Walanda. Maranehna mutuskeun dina hiji rapat komando, yen Bandung Selatan, kudu diratakeun jeung taneuh. Tegesna diancurkeun. Boh ku tentara udara atawa ku tentara darat Walanda. Sababna, aya saurang tentara Walanda nu ditembak di Ciateul. Hasil gawe panalungtikan PID (Intel) tantara Walanda, kapanggih nu nembak na teh, salahsahiji organisasi pejuang ti Bandung Kidul (Selatan).
Nya ditangtukeun, poe Jumaah, bakal diayakeun serangan gede, rek ngancurkeun Bandung Kidul ( Dayeuhkolot, Majalaya, Ciparay, Banjaran, Soreang, jeung Ciwidey), sabab cenah di daerah-daerah eta, loba dipake panyumputan para pejuang kamerdekaan. Malah aya tentara pajuang wanoja, nu disebut LASWI (Laskar Wanita Indonesia) nu markas pusatna di Ciparay. Ayeuna Laswi teh, dipake ngaran jalan antara parapatan Talagabodas jeung jalan Ahmad Yani. Mapay we eta mah ti mimiti bunderan jalan Elang nepi ka jalan Ahmad Yani. Aya jalan Peta (Pembela Tanah Air), jalan BKR, jalan Pelajar Pejuang, jeung jalan Laswi.

Harita Walanda boga gudang senjata,nu sok disebut gedong peteng, nu ayana di Dayeuhkolot. Sisi jalan ka Bandung, persis sisi kaler Citarum. Sagala bedil jeung mesiu diteundeun di dinya. Ti mimiti pestol, sten, bren, granat, miltaliur, kanon, nepi ka bom. Aya di eta gudang senjata. Ceuk beja bom nu diteundeun di gudang senjata Dayeuhkolot teh, lobana nepi ka 8 megaton. Ku kakuatan bom satengah megaton ge bisa ngancurkeun hiji kota jaman harita.
Najan ukur tina harewos, nu asalna ti jongos (pelayan) tukang masak di markas Walanda, kanyahoan yen nyerang Bandung Kidul teh, rek make senjata jeung mesiu nu aya di gudang senjata Dayeuhkolot. Ieu beja intelejen teh, beunang ku juru sandi pasukan BKR, parat ka BBRI (Barisan Banteng Republik Indonesia), nu dipingpin ku Letnan Mohammad Toha. Najan umur Toha karek salapan welas taun, tapi ku gedena kawani, jeung geus meunangkeun 10 bedil Walanda, tina sabab strategi nyerang nu tepat, manehna dipiserab, dihormat jeung diajenan ku babaturan jeung anakbuahna. Pasukan BBRI teh boga sapuluh regu. Salahsahijina na aya nu disebut regu “istimewa”, nu dipingpin ku Mohammad Ramdan. Antara Toha jeung Ramdan aya hubungan sosobatan nu dalit naker, beunang disebutkeun sobat kentel. Ramdan mah urang Ciparay, imah kolotna di tukangeun pasar Ciparay ayeuna, cenah. Nu beda teh pangawakan eta dua dedengkot BBRI nu pada-pada dipiserab. Toha mah jangkung, rada begang, ngalampanyat (semampai), kasep, pakulitan koneng, teuteup panonna seukeut, tara loba omong. Ramdan mah sabalikna, pendek dedepe ngeusi, sok daek heureuy. Pakulitan hideung santen.

Beja sejen nu katarima ku BBRI, horeng nu maehan tentara Walanda teh, salahsaurang anggota Laswi. Meureun Walanda nu keur jaga, iseng, ngaheureuyan awewe nu dagang gorengan. Padahal eta teh anggota laskar wanita nu keur nyamar, nu boga tugas malingan bedil. Da eta ge tentara Walanda nu paeh teh,bedilna leungit. Toha jeung Ramdan ge sok nyamar jadi tukang cendol, atawa jadi musapir (pengemis), dimana tentara Walanda bongoh, sok dicokot bedil na, atawa pelorna. Naon we nu kaburu. Ngan tara daekeun nyokot barang sejenna, iwal ti pelor jeung bedil. Kalakuan kitu teh, kudu boga kawani nu gede, Sabab mun kapanggih, pasti disiksa nepi ka dipaehan.
Beres salat lohor, di tajug nu aya di Manggahang, Toha ngaharewos ka Ramdan,”
Dan, ”pokna,” Jumaah pageto, wanci subuh, munding bule rek ngamuk. Cenah kakuatanana sabatalion, infantri. Didukung ku opat pesawat . dua rek nerjunkeun pasukan baret hejo, nu dua deui rek ngabom. Nu jadi sasaran utama, nu dianggap daerah kantong, di Bandung kidul.Bisa Ciparay, Soreang, atawa Majalaya”
“Amunisi mah angger ti gedong peteng (gudang senjata) Dayeuhkolot? Moal nu ti Cikoneng?” Tanya Ramdan.
“Enya, jadi taya deui jalan, rencana 1 kudu dilaksanakeun.” Tembal Toha.
Aeh, enya, ari Oha enggeus nepungan aki teh?” Ramdan nanya.
“Pan poe Minggu kamari, kuring karek balik ti Garut, tepung tur sosonoan, jeung sarerea.Ema, adi, paman, aki, nini, malah kungsi dipotret heula, di toko potret si Asiong, nu deukeut statsion tea.Tuluy kana kareta api nepi ka Kadungora, ti dinya leumpang make jalan Cijapati. Nepi ka Majalaya tabuh opat sore.”
“Cenah, adi Oha rek kawin? Lebar euy heug geulis, dicokot batur”. Ramdan heureuy.”Kunaon nya bet embungeun ka kuring?” Ceuk Ramdan deui. Toha ukur imut, teu ngajawab.
“Barudak mah dibejaanana engke we dina waktuna nya?” Ceuk Ramdan.Maksudna anggota reguna moal waka dibejaan rencana Ramdan jeung Toha.Bisi rasiah kaburu bocor.
“Enya, kitu we.”Tembal Toha pondok. Sanggeus duanana garanti baju, make calana pondok, nyorendang samping, mawa jeujeur. Duanana ngadigleu laleumpang ka Citarum, rek nguseup. Barang nepi ge, lung useup teh dialungkeun kana cai. Tapi anehna teu tuluy nagog, ngadagoan disanggut. Lalaunan duanana leumpang ka hilirkeun, nyenyekel jeujeur, nuturkeun useup nu dibawa palid ku cai walungan Citarum. Horeng nu tembong beungeut cai na ngeuyeumbeu, tenang teh, di jerona mah nyedot tarik.

Barang nepi ka hiji tempat, Toha eureun, gog nagog, kawas nu keur nguseup we.Diturutan ku Ramdan. Bari panonna nempo kana beungeut cai, Toha ngomong ngagereyem, “Tuh, Dan. Eta hong caina.” Cenah nuduhkeun ku gado.
“Euh enya,”Ramdan ngajawab pondok.
“Tuh nu di juru tembok, eta munara lampu.Handapeun lampu nu nyorot, aya bedil mesin.” Ceuk Toha deui.
“Eta nu dituruban deklit?” Tembal Ramdan
“Enya. Kabehna aya 3 munara lampu. Yu ah..”Toha ngajak Ramdan mapay walungan balik deui ka girang. Sabab katempo, dina luhur tembok gedong peteng, aya nu ngajuringkang. Meureun tentara Walanda nu keur tugas jaga. Nepi ka lebah sasak beusi, duanana haranjat. Tuluy ngagaredig mapay susukan leutik, jeung galengan sawah, ka lembur Manggahang deui. Ngahaja teu mapay jalan, bisi aya nu nyuriga.
Sadatangna ka tajug nu tadi, lung miceun jeujeur ka kolong, top nyarokot ransel butut, leos we arindit, ka Cangkring-keun. Dur magrib, nyarimpang ka Ciheulang, beres salat Isya, asup ka imah Undang, alahsahiji anggota regu Ramdan nu kacida dipercaya jeung diandelkeun. Tiluan baradami di jero kamar, ting harewos, dicaangan ku lantera. Toha meberkeun keretas, tuluy nyokot patlot gede,beureum bulao, paranti tukang bas, ngagurat papan. Walungan Citarum jeung wangunan gedongpeteng tea digambar. Set set ngaguratkeun tanda panah. Ting harewos, papelong-pelong. Jep taya sora.lantera dibawa ka tengah imah.Toha ngagoler dina samak, sirahna diganjel angel lepet. Ramdan mah jeung Undang ngagoler di tengah imah.Bari ngareukeupan bedil. Horeng bedil Ramdan jeung pestol Toha, disumputkeun di imah Undang, memeh ngaruseup ka Citarum teh. Lain bedil otomatis cara ayeuna, tapi karaben sesa Jepang.
Poe Kemis, di markas BBRI, tembong aya kasibukan, rupa-rupa laku para pajuang.Aya nu meresihan bedil, nu boga bedil mah. Aya nu ngasah pedang. Aya nu meulitkeun lamak beureum dina puhu bamburuncing. Toha jeung sababaraha urang komandan regu,keur baradami dina meja. Jam sawelas kakara rapat bubar. Karasa ku anggota pasukan,aya nu aneh. Pangpangna sikep Toha nu beda ti sasari. Najan lain jalma sombong, tapi irit ngomong. Najan pasemon mah tara robah, ambek ge Toha mah tara kaciri, da teu weleh imut. Harita mah teu kitu, bet wani ngaheureuyan anak buah, malah make jeung menta udud sagala. Pan tara,biasana mah. Da Toha nu sok ngabagi ududeun. Tempo dahar, Toha teu dahar di kamar nu aya di markas, tapi bareng sarila, ngariung, malah wani menta sambel sagala ka Tatang. Beres dalahar, bari ngadagoan waktu lohor, Toha baceo, ngadongengkeun kaayaan kulawargana nu diungsikeun ka Garut.Malah cenah, resep nempo Si Amoy, geulis, anak Si Asiong, tukang potret. Ger saleuseurian. Ah heureuy we poe eta mah, Toha teh. Komo digoongan ku Ramdan nu memang geus nyarahoeun sok heureuy. Atuh beuki ager-ageran, saleuseurian. Si Uso mah make jeung ngengklak, ngigel, dikaleprokan ku baturna, bari tarembang lagu perjuangan:
Cooolenak, kueh dangdeur digulaan,
awas bom batok, awas bom batok,
rebu-rebu budak montok,
leumpangna dicentok-centok,
sieun nincak taikotok,

hallow hallow Bandung,
ibukota periyangan,
hallow hallow Bandung,
kota kenang-kenangan
sudah lama beta tidak berjumpa dengan kau
sekarang telah menjadi lautan api
mari bung rebut kembali,
cooolenak…prok prok prok..

Oh beginilah nasibnya soldadu
Diosol-osol dan diadu-adu
Tapi biar tidak apa asal untuk Indonesia
Pasukan Siliwangi
Saeutik ge mahi….prok prok prok
Tapi taya saurang anggota laskar BBRI nu wani nanyakeun, naon sababna sikep Toha kitu. Aratoh we, da memang pada harayang gaul deukeut jeung Toha mah.
Kira tabuh lima sore, Toha ngayakeun briefing(mere instruksi jeung informasi penting), jeung kabeh komandan regu. Tuluy, ngajelaskeun rencana strategi partahanan, pikeun nyanghareupan serangan musuh, dina isuk subuh.
“Jadi, peuting ieu sarerea kudu sare, kajaba nu tugas jaga. Jam 3 janari, kudu nempatkeun diri dina pos sewang-sewangan, nu engke ditangtukeun ku komandan regu.Merdeka!” Ceuk Toha nutup intruksina, bari ngacungkeun leungeun nu dipeureupkeun. Nu dijawab ku sarerea dina sumanget nu ngagedur,”Merdeka!” cenah. Bubar weh.

Tengah peuting, basa kabeh angota laskar, sarare, Toha jeung Ramdan, katut reguna, aya 10 jalma kaasup Undang, rerencepan, ngalolos ti markas, mapay susukan, motong jalan ka pasawahan, kabeneran poek bulan. Unggal aya kingkilaban, maranehna gancang caringogo,nyumput handapeun tangkal Cau, Hiris, atawa Kihujan. Lebah sasak beusi Dayeuhkolot, meuntas jalan, tuluy tuturubun ka sisi Citarum. Toha ngingkig tiheula. Kira 100 meter, dituturkeun ku Ramdan jeung regu na.Leumpang ngeteyep bari mopoek, teu kadenge sora sakecet. Iwal ti sora angin jeung cai nu ngagulidag. Nepi ka tempat nu geus dicirian dina gambar, di imah Undang tea, pasukan ngarandeg. Ramdan masang steling. Anak buahna ditempatkeun duaan-duaan. Aya nu dina gawir, sisi cai, handapeun Kirinyuh, jeung sajabana. Instruksi teumeunang udud.Sabab buricak seuneu bisi katangen ku musuh
Sajongjongan jempe taya sora jalma kadenge, nu carindekul nyarumput, dibulen ku simpena peuting. Barang kadenge aya sora manuk Sit Uncuing, kode ti Toha ka Ramdan, harita Ramdan mere kode ku sora manuk Tikukur. Hartina nu aya dina gawir, kudu mimiti nembak, ka munara lampu sorot. Ngadenge tembakan sakali, jol bray wae lampu sorot teh caang ditutukeun ku berebetna sora miltaliur. Gorowok saurang anak buah Ramdan ngagoak, katembak lebah dadana, jungkel gejebur ragrag ka Citarum. Sabot keur ragot silih tembak, Toha ngojay nyerong, meuntas Citarum, tuluy asup kana hong cai, nu gedena sagede beuteung munding.Perhitungan Toha teu salah, tungtung hong teh nyambung ka kamar mandi, Walanda di jero markas.Najan bari barau, tur hese beleke, ahirna Toha bisa, asup ka kamar mandi. Ti dinya, neangan rohang paneundeunan bom.Nu cenah handapeun taneuh. Teu burung kapanggih. Barang Toha ngadeukeutan panto beusina, kadenge ngedepruk sora sapatu nu jaga. Taya panyumputan, kapaksa asup kana dreum wadah runtah. Ana gajlok teh tina jero dreum aya nu luncat kaluar, teu wudu Toha ngagebeg. Horeng ucing. Ngadenge turub dreum ngagulupruk, tentara Walanda nu ngontrol, nyampeurkeun. Kadenge sora ucing uang-eong. Tentara Walanda teh, teu tulus nyampeurkeun, ukur ngomong “ Ow..” geus weh, manehna balik deui. Sabot kitu di luar nu bertempur teu saimbang ragot keneh.Ramdan katembak. Manehna sempet keneh, nyoehkeun bajuna nu bodas kolot. Tuluy nulis ku getih. Sok dibikeun ka Undang, sina dianteurkeun ka lanceukna. Undang geus narima baju pinuh getih, ngabelecet, lumpat, tapi teu burung manehna ge katembak, nepi ka leungeunna sabeulah semplak. Sadatangna ka Ciheulang, cenah Undang kapidara. Tapi baju nu aya aksara getih Ramdan mah, teu burung nepi ka lanceuk Ramdan. Beres mikeun baju, tea, Undang ngagolepak, gugur.
Sanggeus tentara Walanda nu ngontrol ngaleos, Toha gura-giru bari tartib, nyampeurkeun deui panto paneundeunan bom. Harita ti jero aya saurang tentara Walanda nu rek bijil. Teu antaparah deui, gabrug ku Toha dirontok, ger galungan. Kabeneran najan
Walanda teh jangkung gede, ku Toha bisa dihompet, dipiting. Sret nyabut pestol, peletok sirah Walanda teh ditakol ku gagang pestol, kulahek, rumpuyuk we kapaehan. Geuwat Toha ngodokan saku tantara Walanda, neangan konci. Geus beunang, bray panto dibuka. Trek dikonci ti jero. Barang bus ge kareret, di jero gudang teh, bom ngajajar neundeuna ditumpuk, lobana teu kaitung. Kacaangan ku lampu listrik nu teu pati mabra. Toha ngahuleng, terus ngangkat dua leungeunna, ngadu’a,ka Mahasuci, menta dihampura ka indung, ahirna satengah ngajorowok, nitah neruskeun perjuangan ka babaturanana. Tah basa Toha keur ngadu’a di jero gudang bom, tentara Walanda nu tadi kapaehan teh, inget, hudang, ngadenge di jero aya sora kawas nu keur ngadu’a, manehna ngagebrug-gebrug panto rek muka. Tapi pageuh. Belenyeng we manehna lumpat rek lapor ka komandanna. Tapi teu kaburu. Sabab Toha nyabut pin (konci) granat, terus dibaledogkeun kana tumpukan bom.Geleger..sora bom bitu handaruan, malah eundeur-handaruan geleger sorana kadenge nepi ka Patengang. Eta kajadian dina malem Jumaah. Gedongpeteng teh salin jinis jadi talaga, sabab Citarum asup, kana legok urut bituna bom. Atuh lapur, Walanda teh teu tulus ngancurkeun Bandung Kidul, sabab kabeh parabot perang senjata jeung amunisi, malah puluhan tentara Walanda nu aya di dinya, ancur. Kasawang kuma rajetna awak Mohamad Toha. Boa jadi cai. Matak dina tugu nu bareto mah diadegkeun di tengah talaga(ayeuna mah geus disaeuran, sawareh dijieun lahan kantor jeung markas Kujang seksi Zeni Tempur,( Zipur). Aya tulisan: Di sini Toha dan kawan-kawan beristirahat. Aya deui patung Toha, nu diadegkeun,dina lahan nu ayeuna dipake terminal Dayeuhkolot. Hanjakal teu dipiara. Sakuriling patung loba runtah. Kitu tah Jang lalakon Pahlawan Toha mah, “Ceuk Si Abah Didi. “Teuing da paroho deui,”Cenah.
Najan ayeuna Pahlawan Toha meh taya nu ngajenan, malah aya nu nyebut , sagala. Tapi Abah mah tetep reueus, jeung hormat ka anjeuna. Da Pahlawan Toha mah, pakokolot supa atuh jeung abah, kolot anjeuna beda 3 taunan.”Pokna.”Atuda ku hebat-hebatna bitu eta gedongpeteng, mobil jip jeung tankwaja Walanda nu aya di jalan ge, caroplok ban na teh.Lini na karasa inggeung nepi ka Cicalengka.” Ceuk Bah Didi mungkas wangkonganana.Ngagambarkeun yen Moh.Toha Pahlawan nu gede wawanen.
Karek inget, jadieu na keun aya seniman moyan nu ngarang lagu mieling Moh. Toha,Duka Kang Wahyu Wibisana, Nano S. atawa Deddy Windyagiri, poho. Mun teu salah rumpakana kieu:
Getih suci nyiram bumi
Tulang setra mulang lemah
Babakti nyungkem Pertiwi
Cikal bugang putra bangsa
Reff;
Nyatana Pahlawan Toha
Pahlawan Bandung Selatan
Patriot ti Dayeuhkolot
Tugu diwangun ngajadi cirri
Tarate nu mangkak ligar di empang
Jadi ciri gugurna pahlawan Toha.
(Diropea ku Asid. tina hasil wawancara jeung palaku sajarah (lanceuk Moh. Ramdan) Lurah Hormat, di Ciparay, tgl. 19 Nopember 1983, dina raraga panalungtikan Sundanologi).
  • http://i120.photobucket.com/
  • http://www.gimonca.com/
  • http://foto-foto.com/
  • http://img81.imageshack.us/i
  • http://upload.wikimedia.org/

Kiansantang Ngalangkangan

Catetan Ike Tasrika, S.Pd (Redaktur Salaka)
Panganteur
Sanaos  simkuring sanes filolog tapi aya kereteg hoyong tiasa ngabandingkeun naskah,utamana naskah kuno atanapi carita babad, carita sajarah jsb. Sanaos tacan tiasa nangtoskeun mana nu asli sareng sanesna, sahenteuna, janten apal kana sawarnaning versi ngalankungan indikator variable nu nyampak dina unggal naskah. Pan ari naskah unikum mah ( hiji-hijina) rada sesah milari variable nu benten. Bari kitu, tetep cekeldeleg kana papagon ka-sajarah-an, yen sajarah teh mangrupi rekaman kajantenan nu puguh kasangtukangna (boh tempat atawa waktu), puguh salang-surupna, puguh untuyan-sungapanana, sareng objektif/realistis.
Da tokoh sajarah mah sanes tokoh fiktif nu tiasa diarula-arileu, dilelempeng, dibebener sangkan dugi kana maksad nu ngarekamna. Tapi kajantenan saujratna. Dina ngajegkeun eta perkara, taya kajaba iwal kedah taliti , ati-ati, bari apik tur nyanghulu kana patokan.
Teukinten bingah sareng reueusna, waktos nampi buku ipis (16 kaca) nu judulna “Sejarah Sunan Rohmat Suci Godog Garut” (saterasna disebat SSRS) yasana pa Kusnadi, nu medal bulan Maret taun 1996, di Garut. Inyana saurang inohong kabudayaan nu kaleresan nyepeng kalungguhan penilik kebudayaan di Kabupaten Garut. Kusnadi dina nyusun seratanana teu samarangan, tapi winangun team work. Sae pisan, sabab moal aya seratan sanes ngeunaan Sajarah Godog nu benten versi. Lebah dieu, syarat apik, tos katedunan ku Kusnadi. Katawis Kusnadi nu PNS, nu abdi nagara tur abdi masrakat, ngaladenan masyrakat ku cara nyerat buku. Leupas tina kaahengan eusi naskahna (Sayyidina Ali nu tos pupus ratusan taun, didohirkeun), kuring nyobian masihan babandingan, bari teu ngirangan rasa hormat ka Kusnadi (sanes ngiritik, sumawonan ngaduan, ampun paralun) nu insya Alloh mo leupas tina ajen objektifitas. Saparantoss maca buku SSRS kuring emut, kantos maca Purwaka Caruban Nagari (PCN), sareng Nagara Kertabhumi (NK)hiji rekaman beunang karuhun Sunda nu tos nganggo metode sareng sistematika ka-sajarah-an,boa karuhun mah teu eungeuheun yen cara kitu teh ilmiah. Katangen aya sababaraha veriabel nu rada benten. Supados kantenan pereleanana, urang bandingkeun ngajojoan kaca bae.
Dina SSRS kaca 2 aya subjudul SILSILAH:

Bandingkeun sareng Silsilah Raja-raja Pajajaran nu aya dina Nagara Krtabhumi (NK) dina kaca 3.
Dina NK Bagian VII kaca 36: RAJA-RAJA PAKUAN PAJAJARAN:

Katerangan:
Dina SSRS Raja Pajajaran sungapanana teu disebutkeun. Turunanana Prabu Lingga Raja Kencana. Turunan Prabu Lingga Raja Kencana, nya eta Wastu Kancana, turun ka Prabu Siliwangi, turun ka Prabu Kiansantang, Dewi Rarasantang, sareng Walangsungsang. Janten Wastukancana teh rama Prabu Siliwangi.
Dina NK, Raja munggaran Pajajaran teh Ragamulya saderek misan wangsatunggal. Ragamulya eyang Wastukancana. (teu kapendak aya jenengan Lingga Raja Kencana), Sri Baduga/Siliwangi putu Wastukancana . Turunan Prabu Siliwangi ti Kentring Manik Mayang Sunda (jaranten raja di karaton Pajajaran), taya putrana nu jenengan Kiansantang.
Dina PCN : Jayadewata alias Prabu Dewatasrana alias Sri Baduga Maharaja, alias Prabu Siliwangi, nikah deui ka Subanglarang kagungan putra 3, nu cikal Cakrabuana alias Walangsungsang, ka dua Rarasantang, nu bungsu Jakasengara (Syeh Abdulah Iman). Dina PCN ge taya putra Siliwangi nu kasebat jenengan Kiansantang.
Dina NK, Jayadewata putra Ningratkanana, diistrenan jadi raja di Galuh (1482) Gelar nobatna Dewatasrana, dina taun eta keneh diistrenan deui di Sunda, gelar nobatna Sri Baduga. Ti rama kagungan warisan tahta di Galuh, ti mertua (Prabu Susuk Tunggal) kagungan warisan tahta di Sunda.
Dina SSRS, kaca 3, Prabu Kiansantang atawa Syeh Sunan Rohmat Suci putra Prabu Siliwangi ti Dewi Kumala Wangi.
Dina NK, Jayadewata/Siliwangi, nikah ngawitan ka Nhay Rambut Kasih/Ambet Kasih, putra Ki Gedeng Sindangkasih (paman anjeuna). Teu kagungan putra. Nikah deui ka Nhay Subanglarang, putra Ki Gedeng Tapa (pamanna keneh), kagungan putra 3; Cakrabuana/Walangsungsang, Rarasantang, Jakasangara.(akur jeung PCN). Nikah deui ka Nhay Kentring Manik Mayang Sunda, putra Prabu Susuk Tunggal, kagungan putra Surawisesa Jayaperkosa. Nikah deui ka Nhay Lenggang Pakuan, rayi Amuk Murugul ti karaton Japura,teu kasebat kagungan putra. Janten istri Prabu Siliwangi teh 4 (Nhay Rambut Kasih, Nhay Subanglarang, Nhay Kentring Manik Mayang Sunda, Nhay Lenggang Pakuan) teu kasebat istri Siliwangi nu jenengan Kumala Wangi (putra saha? Ti karajaan mana?)
Dina SSRS,Prabu Kiansantang lahir taun 1315 M.
Dina NK, Bagian ka VI kaca 33 subjudul Pasunda Bubat, disebatkeun; Prabu Maharaja Linggabuana, ti Dewi Rara Lingsig kagungan putra 4. Nu cikal Dyah Pitaloka Citraresmi, lahir taun 1339 M, nu kadua jeung nu ka tilu pupus, nu ka 4 /bungsu lahir taun 1348 M nya eta Niskala Wastu Kancana. Jadi antara Kiansantang jeung Wastukancana teh sajaman, lahirna beda 33 taun. Kiasantang tos yuswa 33 taun, Wastukancana nembe dilahirkeun. Dina SSRS Kiansantang ka Mekah taun 1348 M, dina mangsa eta Wastukancana dilahirkeun. Dina NK, Pasunda Bubat (Perang Bubat), kajantenan dina taun 1357 M. Wastukancana nembe 9 taun, teu ngiring ka Bubat, dititipkeun ka pamanna (Bunisora Suradipati), yuswa Kiansantang harita tos 33 taun , janten Kiansantang mah pasti uningaeun kana kajantenan perang Bubat. Siliwangi tetebiheun keneh kana lahir. Padahal Wastukancana dina SSRS rama Prabu Siliwangi, dina NK mah eyang Prabu Siliwangi. Dina SSRS Prabu Siliwangi teh rama Kiansantang.
Dina SSRS; taun 1337 Prabu Kiansantang diangkat janten dalem Bogor. Dina NK, karaton Sri Bhima Punta Narayana Mandura Suradipati Pakuan Pajajaran, di puseur dayeuh karajaan Sunda (daerah Batutulis Bogor ayeuna, direhab taun 1333 M. Kecap Bogor tacan aya. Jadi daerahna tacan aya, Kiansantang mah tos janten dalem? Istilah/kalungguhan dalem, lumaku di Sunda, ngawitan abad ka 17, sabada tatar Sunda di kawasa ku Sultan Agung Mataram. Di ` Sunda taya istilah dalem, aya oge prabu anom/raja daerah disebatna yuwaraja (NK). Istilah dalem,bupati eta konsep pamarentahan Mataram Islam. Sapertos sawah, di Sunda ngawitan aya sawah abad ka 17 (1630) di Karawang. Sateuacana mah melak pare teh di tegal/pasir/disebat huma. Julukan kota BOGOR, mangrupi kalepatan ilat/nyebat tina basa Walanda BUITENZORG, analog sapertos OH DAT DING janten Odading, Houz dat janten hordah, frend janten pring. Atanapi reust bank, janten risbang.
Dina SSRS,Prabu Munding Kawati, putra Prabu Susuk Tunggal, diserenan tongkat pusaka karajaan sakatenan diistrenan janten panglima besar Pajajaran. Eta kajantenan diserat dina batu (batutulis), ku Prabu Susuk Tunggal
Dina NK, Munding Kawati putra Wangsatungal (saderek misan Ragamulya) tingali silsilah. Yuswa Munding Kawati, pakokolot supa sareng Wastukancana (rama Susuk Tunggal).
Dina naskah Aki Baju Rambeng, rintisan penelusuran masa silam, asal mula Pelabuhan Ratu (Anis Jati Sunda,1980) panglima Pajajaran jenengan RAKEAN KALANG SUNDA. Nu ngaping Dewi Purnamasari sareng carogena RAKEAN KUMBANG BAGUS SETRA ngalolos ti karaton, waktos digempur ku pasukan Islam. Malih males pati ka Syeh Al Kowana (tilas mantri Majeuti/Sekneg Pajajaran,nu lebet Islam, nu ngudag-ngudag Dewi Purnamasari).
Dina NK eusi/harti tulisan dina batu di Batutulis Bogor, mung 9 baris:
"wwang na pun ini sakakala, prebu ratu purane pun, diwastu diya dingaran prebu guru dewata prana,diwastu diya dingaran sri baduga maharaja, ratu haji di pakwan pajajaran sri sang ratu dewata pun ya nu nyusuk na pakwan diya anak rahyang dewaniskala sa(ng) sidamokta di gunatiga i(n)cu rahyang niskala wastuka(n)cana sa(ng) sidamokta ka nusa larang, ya siya nu nyiyan sakakala gugunungan ngabalay nyiyansamida, nyiyan sanghyang talaga rena mahawijaya, ya siya pun++ I saka, panca pandawa e(m)ban bumi"
Tarjamahna:
Muga salamet, ieu tanda peringetan keur prabu ratu suwargi, nu dinobatkeun make gelar prabu guru dewataprana; dinobatkeun deui make gelar Sri baduga maharaja,ratu ngawasa di pajajaran,Sri sang ratu dewata. Dia Anak rahyang dewa niskala nu pupus di gunatiga,incu rahyang Niskala wastu kancana nu pupus di Nusalarang.
Inyana nu nyieun tanda peringetan mangrupa gugunungan, ngabalay jalan ku batu, nyieun leuweung Samida, nyieun talaga rena mahawijaya, ya dia (nu nyieun eta kabeh). Ditulis dina taun saka lima pandawa ngasuh bumi (1455+78 taun = 1533 M).Janten seratan dina batutulis dipidamel sabada Prabu Siliwangi pupus (1521 M). Margi disebatkeun ;..sakakala, prebu ratu purane diwastu diya ngaran………..sri baduga maharaja…. =…. Peringetan, ka prebu ratu purane (nu tos pupus). Nu jenengan……..sri baduga maharaja…
Jadi nurutkeun eusi/harti tulisan dina batu tulis Bogor teh, mangrupi peringetan Sri Baduga/Prabu Siliwangi nu pupus tur raja manten di Sunda, di karaton Pajajaran. Dina NK jenengan karaton karajaan Sunda teh SRI BHIMA PUNTA NARAYANA MANDURA SURADIPATI PAKWAN PAJAJARAN. Eusi tulisan batutulis sanes peringetan ngajenengkeun Munding Kawati nu diserenan tongkat pusaka janten panglima besar Pajajaran.
Babandingan prase PRABU, nu disebut/ nu kagungan gelar kalungguhan PRABU, biasana raja (non-muslim.) Sabab PRABU tina asal kecap PER-ABU-AN, hartina sanggeus pupus jasadna di-perabu-keun alias diduruk. Jasad PRABU SILIWANGI ge diduruk, mung rada aneh. Didurukna teh sabada 12 taun dikubur. Janten Siliwangi mah jasadna dikubur heula, nembe diduruk. Raja-raja sanesna, pupus langsung diduruk. Lebu PRABU SILIWANGI disimpen dina kendi di gugunungan/pasir Badigul di daerah Rancamaya 7 km, kiduleun kota Bogor ayeuna. Di sisi tilas Talaga Rena Mahawijaya (nu tos jadi sawah, kiwari jadi perumahan Rancamaya Indah). Pangna jasad Siliwangi dikubur, tangtos aya pangaruh Islam. Duka upami waktos nikah ka Nhay Subanglarang, harita Siliwangi ngaos sahadat, margi sanaos kengengna Nhay Subanglarang teh ngalangkungan saembara, apan Subanglarang mah murid Syeh Quro ti Karawang. Janten sidik pisan Subanglarang mah tos Islam. Dupi Syeh Quro teh salasawios tentara Cina nu sumping ka Semarang, dicandak ku panglima Cheng Ho nu tos Islam, dina jaman Wastukancana. Malih salasawios rayi sabrayna Wastukancana, lebet Islam nu disebat Haji Purwa Galuh. Muslim munggaran di tatar Sunda. Rupina kaislaman Siliwangi disamunikeun, margi harita rahayat sareng gegeden Sunda masih keneh ngagem agama Sanghyang. Anu nyembahna ka Sang Rumuhun, sareng Sunan Ambu, sanes ka dewa atanapi ka Sidharta Ghotama.
Dina SSRS kaca 9, Prabu Kiansantang mulih ti Mekah, sabada 7 taun ngamukim, dina taun 1362 M. Harita di puseur dayeuh karajaan Sunda di dialihkeun ka karaton Kawali, nu janten raja, paman Wastukancana, nya eta Mangkubumi Bunisora Suradipati, nyuluran Wastukancana nu burey keneh, Bunisora kagungan gelar Prabu Batara Guru Pangadiparamarta Janadewabrata, disebat oge Batara Guru Jampang, disebat oge Sang Kuda Lalean. Marentah salami 14 taun (1357 – 1371 M).Jadi upami mulih ti Mekah Prabu Kiansantang nepangan tur ngajak lebet Islam ka Prabu Siliwangi, ramana, rada aneh, margi Prabu Siliwangi tacan lahir ka dunya.
Babandingan gelar/prase WANGI. Dina NK, nu nganggo gelar atanapi sebutan WANGI mung 3 urang. Nu ka hiji, Prabu Maharaja Linggabuana, nu gugur di palagan Bubat taun 1357 M, jenengan sang Prabu raja Sunda, seungit nyambuang sa-Nusantara, sabab ku kajantenan Bubat, sadaya raja d Nusantara,ngamerdekakeun diri tina kakawasaan Majapahit, teu panuju kana kalakuan Patih Gajahmada. Sang Prabu Raja Sunda kawentar disebat PRABU WANGI. Nu kadua Prabu Niskala Wastukancana, putra bungsu Prabu Wangi, sabab kalakuan, sifat sareng pribadi Wastukancana sadidinten, nyeples Prabu Wangi, ramana. Ahli satmata (teu condong kana kakayaan dunya, merhatikeun rahayat, ngutamakeun kasajahtraan rahayat),Wastukancana disebast PRABU WANGI SUTA (Putra Prabu Wangi). Nu katilu, Jayadewata/Prabu Dewatasrana/Sri Baduga Maharaja, dina nyakrawati bahudenda ngaheuyeuk dayeuh-ngolah nagara, sikep sareng pasipatan pribadina, sapertos Prabu Wangi Suta, malah inyana ngahijikeun deui wewengkon Sunda jeung Galuh, ngalihhkeun deui puseur dayeuh Sunda ti Karaton Kawali ka Pakwan Pajajaran, eta margina, Sri Baduga disebat PRABU SILIWANGI, tegesna Gegentos Prabu Wangi Suta.
Dina SSRS kaca 11,12, Prabu Siliwangi saperti nu “disupata” Kiansantang, ngadadak janten meong. Malah Siliwangi kabur ka daerah Garut pedah alim diislamkeun.
Dina NK, Taun 1821 saurang sersan VOC nu ngaran Scipio, ti Benteng Kalapa, nalungtik tilas karaton Pajajaran, inyana datang ka wewengkon Batutulis-Bogor, ka suku gunung Salak. Ku urang kampung di dinya( tadina urang Sumedang), dianteur, ka leuweung wewengkon tilas karaton. Dina urut lawang saketeng (pintu gerbang) aya meong sababara hiji. Tuluy dina tilas karaton, malah dina batu pangcalikan raja, dina tilas sinewaka paseban, aya 2 meong badag. Marulang tina nempo kanyataan kitu, ti harita jalma sakampung eta, yakin yen raja katut ponggawa karaton Pajajaan jaranten meong.
Upami Siliwangi dugi ka kabur ti karaton, tangtos aya kajantenan sapertos “paksaan” atanapi sapertos “intimidasi” ti Kiansantang. Rada aneh komo Kiansantang karek mulang ti Mekah. Apan taya paksaan dina Islam mah, da tos jelas mana nu lepat/batil mana nu leres/haq ( Laa ikro khafiddin khodtabayyanurrusdu minal khoiyyi).
Dina SSRS kaca 13, disebutkeun yen tilas Istana Pajajaran teh, kebon raya Bogor ayeuna. Tapi upami maca Sajarah Bogor, eta kebon raya teh dijieun ku Gubernur Jendral Raffles. Taun 1800-an. Keur panalungtikan Botani (tutuwuhan).
Dina SSRS Taun 1400 M Kiansantang diangkat jadi raja di Pajajaran ngaganti Prabu Munding Kawati (Anapaken I).
Dina NK, Prabu Wastukanca , rama Siliwangi (SSRS), Dina NK,aki Prabu Siliwangi , marentah taun 1371 – 1475 M.di karaton Kawali, puseur dayeuh karajaan Sunda. Jadi taun 1400 tacan aya karajaan Pajajaran. Siliwangi diistrenan jadi raja Sunda di Pajajaran taun 1482 M. Sateuacanna tos janten Yuwaraja. Upami Kiansantang diistrenan jadi raja taun 1400, panginten payun keneh Kiansantang janten rajana batan Siliwangi. (Emut,Pajajaran jenengan karaton, tina Sri Bhima Punta Narayana Mandura Suradipati Pakwan Pajajaran, sanes jenengan karajaan).
Dina SSRS kaca 15, Kiansantang wafat taun 1419 M. Sakumaha disebat di luhur, antara taun 1371 dugi ka 1475 karajaan diparentah ku Wastukancana. Upami kitu wafatna Kiansantang teh, nuju Wastukancana jadi raja. Dumasar fakta SSRS Kiansantang wafatna dina umur 104 taun pan lahir taun 1315 M. Wastukancana marentah salami 104 taun.
Dina NK, Dewa Niskala, putra kadua Wastukacana jadi raja di Galuh/Kawali/karaton Surawisesa ngan 7 taun, tahta diapasrahkeun ka Jayadewata/Siliwangi taun 1482. Pangna kitu Dewa Niskala di makzul, sabab ngawin rara hulanjar, istri nu gungsi ti Majapahit. Harita Siliwangi geus jadi raja di Pajajaran warisan mertua , Prabu Susuk Tunggal. Jadi dina taun 1482 Susuk Tunggal jeung Dewa Niskala sataun reujeung bareng ngecagkeun kalunguhan raja. Harita Dewa Niskala ampir digempur ku Susuk Tungagal(lanceuk beda indung), sabab sanggeus kajadian perang Bubat,raja di Sunda teu meunang kawin ka urang Majapahit.Najan Hayam wuruk geus 3 kali menta dhampura ka Sunda nu ditarima ku Prabu Bunisora Suradipati. Jadi sabenerna peristiwa Bubat geus anggeus, geus beres, geus damai. Pan sangeus kajadian Bubat, Patih Gajahmada diusir ku Hayamwuruk. Hayangwuruk nganggap Patih Gajahmada ngarempak sumpah Rd. Wijaya, ka Prabu Darmasiksa, akina, di karaton Surawisesa,nu moal wani-wani ngaganggu bhumi Sunda. Rd. Wijaya nu ngadegkeun Majapahit teh, incu Prabu Darmasiksa, raja Sunda.Tingali Silsilah dina NK bagian IV kaca 28, ieu di handap;
RAJA-RAJA SUNDA SABADA SRI JAYABHUPATI

Upami sumender kana data rekaman untuyan runutna-sungapan silsilah sareng taun kajantenan dina SSRS, panginten SSRS tiasa dikatagorikeun kana babad, sanes sajarah. Sanaos babad tiasa dijantenkeun sumber sajarah. Katawis aya variable nu benten, rada pamohalan. Namung carios Kiansantang teu tiasa dipupus kitu wae, angger ngalangkangan sajarah, da rupina tos ngurat-ngakar di masrakat Sunda, janten asset kakayaan budaya.Cag.
Daftar bacaan:
  1. Anis, Jatisunda, Asal-usul Pelabuhan Ratu, Makalah Rintisan penelusuran masa silam,1984, Bandung
  2. Carbon, Pangeran, Purwaka Caruban Nagari ,1982, Bandung
  3. Kusnadi, Sejarah Sunan Rohmat Suci Godog Garut, 1996, Garut
  4. Wangsakerta, Pangeran, Nagara Krta Bhumi, Sejarah Jawa Barat Rintisan penelusuran masa silam Sarga I – VI, 1983-1984, Bandung

Dewi Sartika

Pahlawan Pendidikan Wanita asal Sunda
Ku: Djodi Prihatna, A.Md.-MG
Loba kapeurihna jaman budak alatan sesebutan anak buangan. Tapi sanggeus nempo kagiatanana nu hayang ngamajukeun kaom wanita bangsana, pamarentah Hindia Walanda ngadukung cita-citana. Naon sababna kiwari jenenganana teu pati kadenge gaurna di kalangan murid-murid. Padahal jasana sarua jeung Kartini, Cut Nya Dien, Christina Martha Tyahohu, jrrd.
RADEN DEWI SARTIKA dibabarkeun di Bandung tanggal 4 Desember 1884, pupus tanggal 11 September 1948 di Cineam, Kabupaten Ciamis. Ramana nya eta Rd Rangga Somanagara demi ibuna jenengan Rd Ayu Rajapermas. Henteu aya hal nu luar biasa waktu bayi Sartika lahir mung kabagjaan bae anu dirasakeun ku ibu ramana. Putra Rd Somanagara teh aya lima, nyaeta: Rd Somamur, Rd Dewi Sartika, Rd Saripamerat, Rd Entis, Rd Yunus.
Rd Rangga Somanagara kantos jadi Patih afdeling Mangunreja di Kabupaten Tasikmalaya, estu jabatan anu penting, urutan kadua bada Bupati. Anjeunna putra Rd Demang Suriadipradja, sedengkeun ibuna nyaeta RA Komalanagara. Rd Demang Suriadipradja teh Jaksa Kapala (Hoof Djaksa) di Bandung. Salian ti eta anjeunna katurunan Dalem Timbanganten nu ngadegkeun Kabupaten Bandung. Rd Ayu Rajapermas teh putri RAA Wiranatakusumah IV, Bupati Bandung antara taun 1846-1874, nu jujulukna Dalem Bintang. Dalem Bintang kamashur paduli ka rahayat sarta arif wijaksana. Mun keur henteu seueur damel, sok nyamar jadi rahayat biasa, ilubiung dina kagiatan sapopoe pikeun nyerep aspirasi masarakat. Jadi ana kitu Rd Dewi Sartika teh putri ti kulawarga ningrat.
Taun 1891 waktu umur Sartika 7 taun, Rd Somanagara dimutasi jadi Patih Bandung, ngawula ka RA Kusumadilaga. Anjeunna sakulawarga nempatan imah dines di Kepatihan Straat (ayeuna jalan Kepatihan). Sartika atawa nenehna Uwi disakolakeun di Eerste Klasse School campur jeung barudak Walanda, Indo, jeung barudak ningrat sejenna. Beda jeung golongan bumiputera sejenna anu ngan bisa sakola di Tweede Klasse School (Sekolah Angka Dua). Pangajaran di Eerste Klasse School mah leuwih luhur kualitasna.
Memang harita pamarentah Hindia Walanda ngahaja nyiptakeun diskriminasi sosial di kalangan bangsa urang. Contona bae dina widang atikan, kaom ningrat mah dibere hak leuwih ti batan cacah kuricakan. Kahirupanana oge estu ngareunah, sare dina ranjang, dahareun luhur gizina, papakean harade, meunang palayanan ti abdi dalem, mun indit-inditan make delman nu dihiasan endah, kudana gagah, kusirna sopan, bersih tur tegep. Estu hiji kahirupan nu salawasna jadi impian sing saha bae.
Salian ti di eta sakola Sartika meunang les tambahan di imahna. Ngeunaan etika atawa budi pekerti sabage wanita Sunda, paripolah, masak, ngaput, nyulam, jste. Sanajan kudu make kabaya, disamping, rambut disanggul, Sartika mah henteu peleya-peleye, tapi lincah, gesit jeung wanian. Nyaritana gagah, teu kawas wanoja sejenna. Mun jaman ayeuna mah tomboy, ditambahan ku sipat kalalakian. Dina hiji poe ku lantaran pembawaanana nu tomboy, waktu arulin jeung dulur-dulurna kungsi geubis nepi ka ngalaman potong leungeun. Nya ti harita Uwi jadi kede, leungeun kenca leuwih aktif batan leungeun katuhu.
KAJADIAN NU PANGDIPIKASEDIH
Karek ge dua taun jadi Patih, Rd Rangga kapeto ngawakilan tugas-tugas Bupati, lantaran harita RAA Kusumadilaga teu damang reumatik kronis, kudu salilana ngalempreh di ranjang. Harita dokter tacan aya nu bisa nyageurkeun. Bupati beuki parna teu damangna. Kabeneran Rd Somanagara bisa ngalaksanakeun tugas kalawan lancar. Roda pamarentahan tetep lumangsung. Ku kituna figur sang Patih jadi popiler nepi ka rahayat Bandung loba nu spekulasi, malahan nepi ka aya gosip yen nu bakal ngaganti Bupati teh pasti Rd Somanagara. Ieu gosip ngalegaan nepi ka sakabeh lapisan rahayat nyaho, nu tungtungna jadi akar konflik kapentingan di Kabupaten.

Reputasi karir Somanagara memang positif. Taun 1858 anjeunna jurutulis Hoof Djaksa Bandung, 1866 diangkat jadi Asisten Wadana Banjaran, 1871 Asisten Wadana Palasari, 1872 Asisten Wadana Gandasoli, 1874 Wadana Banjaran. Taun 1884, dilantik jadi Patih Mangunreja sarta taun 1891 dimutasi jadi Patih Kabupaten Bandung. Pretasina beuki hade sarta nembongkeun kapasitasna sabage pamingpin. Tanggal 11 April 1893 Bupati Bandung, RAA Kusumadilaga pupus lantaran kasawatna nu kronis tea. Ngantunkeun istrina RA Sukarsih jeung putrana Rd Muharam nu engke bakal jadi Bupati Bandung ngagem gelar Raden Aria Adipati Wiranatakusumah V atanapi Dalem Haji.
Ku lantaran roda pamarentahan kudu lumangsung, Residen Priangan, Joseph Daniel Harders, nunjuk Rd Rangga Somanagara sabage pajabat sementara. Hal ieu beuki ngayakinkeun masarakat, yen Rd Somanagara bakal jadi Bupati Bandung. Padahal ieu pisan anu ngajengkelkeun Residen, lantaran dianggap ngaremehkeun eksistensina sabage urang asing nomer hiji nu ngawasa Priangan. Lantaran apan ngan ku kawasana wungkul, kaom bumiputera bisa jadi pamingpin atawa henteu.
Ku alatan kitu Residen nyiptakeun gosip tandingan, nangtukeun ngaran sejen anu bakal jadi calon Bupati, nyaeta Rd Demang Suriakarta Adiningrat, lanceuk Rd Ayu Rajapermas, jadi raka patuangan Rd Somanagara. Ngaran sejenna deui Asisten Wadana Buahbatu, Rd Wiranagara. Jeung aya deui, Pangeran Suriaatmaja nu harita jadi Bupati Sumedang.
Gosip tandingan ieu anu ngabalukarkeun rurusuhan teh. Lantaran kacida anehna, Asisten Wadana bet dicalonkeun jadi Bupati. Kitu deui, naha Bupati Sumedang anu sarua geus jadi Bupati bet dicalonkeun? Anu pangkeuheuleunana mah Rd Demang Suriadipradja nya eta ramana Rd Somanagara. Anjeunna nganggap Harders nyapelekeun kalangan ningrat Bandung. Demang Suriadipradja nyusun kakuatan dibantu ku Rd Wirasudibja, Mantri Gudang Kopi manten di Banjaran, jeung Rd Argawidjaja, jawara kasohor nu mukim di Andir.
Nyaho kajadian kitu Harders malah atoh sarta ningkatkeun konflik di kalangan ningrat Bandung. Ngaran-ngaran nu kasebut di luhur pikeun calon Bupati, ngadadak laleungitan teu puguh. Muncul ngaran anyar: Rd Martanagara, nu harita nyepeng kalungguhan Patih afdeling Mangunredja, Tasikmalaya.
Suriadipraja beuki kapancing ku kalakuan JD. Harders. Tuluy miwarang Somanagara nyieun surat anu ditujulkeun ka Gupernur Jenderal di Batavia. Eusina ngalaporkeun tindakan Residen Harders dina nangtukeun calon Bupati Bandung. Harders sorangan sanggeus nyaho yen Rd Somanagara wawanianan nulis surat ka Gupernur Jenderal, gagancangan nyieun surat, menta persetujuan sangkan Gupernur Jenderal netepkeun Rd Martanagara jadi Bupati Bandung ngaganti RAA Kusumadilaga anu parantos tilar dunya. Harders nekenkeun yen usulanana teh kalawan rekomendasi ti Karl Frederick Holle nu nyaho persis reputasi jeung prestasi Rd. Martanagara.
Nyaho Rd Martanagara geus ditetepkeun jadi Bupati bari disaluyuan ku Gupernur Jenderal, Demang Suriadipraja beuki ambek sarta ngarencanakeun pemberontakan. Didukung ku Rd Kartadireja (wadana Conggeang), Rd Danugara (manten Mantri Gudang Banjaran), Rd Natanagara (salasaurang putra almarhum RAA Wiranatakusumah IV), Rd Sudibja, Haji Abdul Kahar, Ritan alias Iksan, Rd Argawijaya katut balad-baladna. Nya dina tanggal 9 juni 1893 diayakeun pasamoan di imah Rd Argawijaya, Andir. Di dinya Somanagara ngeceskeun yen JD. Harders geus nyapelekeun kaom ningrat Sunda lantaran netepkeun Raden Martanagara anu asalna ti Sumedang pikeun jadi Bupati Bandung. Respon ti peserta pasamoan kacida hadena. Rd Danugara siap nyumbang 2 dinamit nu bisa ngancurkeun Bandung. Syech Abdulrahman nyumbang 1500 gulden keur ongkos pemberontakan. Kabeh satuju karusuhan di Bandung bakal diayakeun dina acara pelantikan Bupati. Saterusna tanggal 3 Juli 1893 diayakeun pasamoan di imah Rd Somanagara, anu nagih jangji kasatiaan sarta mimiti ngarencanakeun karusuhan.
Tanggal 7 Juli 1893 rombongan Rd Martanagara ti Mangunreja cunduk di pendopo Kabupaten Bandung ditarima ku Rd Somanagara jeung stafna. Nya tanggal 12 Juli 1893 Rd Wirasudibja jeung Rd Argawijaya ngaevaluasi persiapan aksi karusuhan.
Tanggal 14 Juli 1893, waktu ondangan geus minuhan pendopo Kabupaten, aya sora ngajeleger di jambatan Cikapundung sarta mimiti panik di unggal juru.
Isukna, Ritan alias Iksan nu sabenerna jadi kordinator karusuhan di Bandung Wetan, manggihan Residen Harders kalawan demit. Manehna penghianat dina ieu karusuhan. Ritan ngeceskeun yen dina acara ngadu kuda di Tegalega, Rd Martanagara rek ditelasan.

Tanggal 17 Juli 1893, rencana nelasan Bupati Bandung anyar dina acara ngadu kuda, digagalkeun ku patugas. Isukna JD Harders ngayakeun rapat khusus, netepkeun Rd Suriadipraja, Rd Somanagara jeung sawatara tokoh sejenna sabage dalang karusuhan. Pikeun ngalancarkeun panalungtikan, Somanagara dimutasi ka Mangunreja.
Tanggal 19 Juli 1893, Pangeran Suriaatmaja ngirim pasukan Sumedang pikeun jaga-jaga tina sagala kamungkinan. Pasukanana ditempatkeun di Soreang. Isukna, JD Harders nyarita ka Rd Martanagara yen kadatanganana teu ditarima ku bangsawan Bandung. Ku sab kitu Harders nugaskeun sangkan Rd Martanagara nangkep sakabeh pemberontak.
Tanggal 21 Juli 1893 pasukan Kabupaten Bandung dipingpin ku Mas Kumendang ngalaksanakeun operasi nangkep 56 urang bangsawan Bandung sarta dijebloskeun ka panjara Banceuy. Tanggal 22 Juli 1893 Rd Rangga dimutasi ka Mangunreja. Sanggeus cukup bukti jeung panalungtikan lancar, Rd Demang Suriadipraja jeung Rd Ayu Komalanagara dibuang ka Pontianak, sedengkeun Rd Rangga Somanagara jeung Rd Ayu Rajapermas dibuang ka Ternate. Sawatara kitu Rd Wirasudibya, Rd Argawijaya jeung balad-baladna dihukum kerja paksa.
MANGSA RUMAJA DI CICALENGKA
Kumaha ari Raden Dewi Sartika? Uwi, rumaja anu kakara umur 9 taun, dititipkeun di uwana nyaeta Rd Demang Suriakarta Adiningrat (lanceukna RAA Rajapermas) nu jadi Patih afdeling Cicalengka. Salila di Cicalengka, perlakuan ti uwana beda jeung saperti urang ka dulur sorangan. Lantaran Dewi Sartika teh anak pemberontak, uwana oge aya kasieun lamun kudu nembongkeun kahadean ka suanna. Kamarna oge dipernahkeun di tukang, bareng jeung abdi dalem. Kahirupanana estuning prihatin, jauh ti ibu rama, ti dulur jeung babaturanana baheula.
Uwi wajib ngalaksanakeun tugas rutin babarengan jeung abdi dalem sejenna, saperti: nyeuseuh, popoe, sasapu, nyadiakeun kadaharan pikeun kulawarga Patih, jste. Tapi sanajan kitu, hal nu tara dipopohokeun nyaeta solat 5 waktu. Malahan Uwi mindeng puasa sunat, salian ti puasa Romadon. Kaprihatinanana jadi upaya ngasah batin jeung ahlakna.
Diantara abdi dalem aya nu galak, nyaeta Bi Emeh, jeung sok kasar deuih ka Uwi. Lain wae omonganana nu garihal jeung ngahina, malahan kungsi nyiksa. Kungsi waktu Uwi cape tur lapar, ngawani-wani maneh menta dahar, Bi Emeh anggur nakol make cukil kana tarang Uwi : “Lapar, lapar bae, batur ge can dahar!” Uwi ngan bisa ngarahuh bari nahan lapar.
Tapi aya hal sejen anu matak pikaseurieun. Uwi bisa diajar ti Agan Eni, nyaeta istri kaopat uwana, bareng jeung palaputra menak tingkat handap nu mondok di kapatihan. Nyaeta anakna cutak, kuwu, carik, mantri ulu-ulu, jste. Pangajaran nu ditepikeun rupa-rupa, umumna mah ngeunaan kawanojaan, saperti masak, ngatur meja, cara neundeun dahareun, cara dahar make sendok jeung garpuh, cara nyarita, tingkah polah, dangdan jeung milih pakean, jste. Ngan hanjakal Agan Eni henteu mere pangajaran nulis jeung maca. Jadi lamun maranehna rek nulis surat keur lalaki, kenalanana di Bandung, sok menta bantuan ti Uwi. Boh keur macakeun surat atawa nyieun balesan.
Lamun aya nu menta mangmacakeun, Uwi sok ngaheureuykeun. Eusi surat nyebutkeun yen eta lalaki geus teu hayang neruskeun hubunganana. Tapi ku Uwi dicaritakeun yen eta lalaki teh sono jeung geus teu sabar hayang papanggih. Sabenerna mah eta teh ngan karangan Uwi. Tapi ku lantaran eta budak henteu nyahoeun jeung teu bisa maca, manehna percaya jeung kacida atoheunana. Ka babaturanana nu sarua ngadengekeun, manehna muji kabogohna. Padahal jero hatena Uwi hayang seuri, lantaran eusi eta surat sabenerna pikanyerieun jeung nembongkeun kateupanujuan eta lalaki.
Kitu deui lamun aya babaturanana menta dipangnuliskeun surat pikeun kolotna di lembur, anu eusina menta duit keur bekel, Uwi nulis anu unina eta budak geus mandiri jeung teu butuheun deui bantuan ti kolot. Antukna eta budak awewe nunggu-nunggu kiriman anu teu datang-datang, sedengkeun kolotna moal rek ngirim duit deui lantaran percaya budakna geus mandiri sarta embung nyusahkeun kolot.

Tina eta pangalaman, Uwi nyieun kacindekan, yen awewe kudu bisa jeung kudu nyaho hal naon bae. Lantaran awewe nu pinter moal bisa ditipu ku kaom lalaki atawa sing saha bae.
Ti taun ka taun teu karasa umur Dewi Sartika geus 18 taun, anjeunna geus salin rupa jadi wanoja anu geulis. Sanajan statusna teu robah, jadi abdi dalem Patih Cicalengka, sorot jeung keureut beungeutna tetep nembongkeun gurat menak. Cek papatah ge ”Sanajan loyang diteundeun di etalase atawa tempat nu hade, tetep loyang. Sedengkeun emas sanajan aya di tempat kumuh, tetep emas ngaranna”.
Sawatara kitu kalawan taya nu nyahoeun, Raden Kanjun, salasaurang putra Patih Cicalengka, neundeun hate ka Sartika. Padahal manehna geus boga pamajikan. Malahan geus boga anak hiji. Kalawan rupa-rupa tarekah Rd Kanjun menta sangkan Sartika daek jadi istrina, nu kadua. Tapi kalawan lantip Sartika nampik, lantaran Rd Kanjun teh masih lanceuk misanna. Rd Kanjun tetep menta sangkan daek, Dewi tetep nolak. Nepi ka akhirna datang beja, yen RA Rajapermas parantos mulih deui ka Bandung, saparantos Rd Somanagara pupus di pangbuangan. Jadi salila 8 taun Raden Dewi Sartika nganjrek di uwana, Patih Cicalengka, ngaliwatan waktu anu pinuh ku katunggaraan. Salila 8 taun Uwi meunang pangalaman hirup nu pait nepi ka dirina dewasa jeung wijaksana dina ngagayuh kahirupan.
SAKOLA ISTRI
Nasib kaom wanita di jaman penjajahan Walanda estu matak prihatin. Maranehna teu dibere kasempetan pikeun mekarkeun diri. Hirupna kudu salawasna aya di imah, tugasna ngan hiji nyaeta ngawula ka salaki. Lamun salakina geus maot maranehna henteu bisa nanaon. Cindekna kaom wanita gumantung ka kaom pria. Sabage rumaja Sartika paham kana eta hal. Contona wae ibuna, nyaeta RA Rajapermas mending milih milu ka caroge Raden Somanagara dibuang ka pulo Ternate, tinimbang ngasuh jeung ngadidik barudak nu laleutik keneh.
Hal ieu anu nyadarkeun Sartika sangkan kaom wanita dibere kasempetan diajar, sangkan bisa mandiri, bisa jadi tihang kulawarga nu panceg. Ti indung anu hade bakal lahir barudak nu hade. Dina salasahiji artikel karanganana disebut: “di sagigireun atikan anu hade, wanita bumi putera kudu dibekelan pangajaran nu luhur ajenna. Lantaran legana kaweruh bakal mangaruhan kana moral. Pangaweruh ngan bisa ditarima di sakola …”
Taun 1902 Sartika geus babarengan deui jeung ibuna, RA Rajapermas, nempatan imah saderhana di Simpang steg (ayeuna: gang Simpang) tukangeun imah dines Patih Bandung, imah kulawargana baheula. Gg Simpang teh mangrupa jalan anu ngahubungkeun Pasar Baru Straat jeung Regents Weg.
Samulihna ti Ternate, Rajapermas nyanghareupan kanyataan pait. Rea hartana nu leungit, aya nu dicokot ku dulur, atawa ku saha bae teu kanyahoan. Kapaksa anjeunna hirup tanpa bekel nu cukup. Keur kulawarga buangan mah pamarentah Hindia Walanda henteu mere santunan boh pangsiun atawa tunjangan.
Tapi pikeun Sartika anu salila 8 taun hirup prihatin di Cicalengka, hal ieu henteu jadi pikir. Anjeunna ngajak sababaraha dulurna pikeun diajar kaparigelan kaom wanita. Misilna masak, ngaput, jrrd. Rupana loba oge barudak awewe anu harayangeun diajar. Jadi Sartika ngokolakeun sakola leuleutikan di rohangan tukang imahna. Pikeun imbalanana Sartika meunang bantuan mangrupa beas, uyah, kalapa, jrrd, nu bisa mantuan kalangsungan hirup kulawarga.
Ti waktu ka waktu pangajaran anu dibikeun ka barudak awewe teh ditambah. Maranehna oge diajar maca jeung nulis, boh basa Sunda, Malayu jeung basa Walanda. Kaasup elmu ngitung, sakumaha anu geus kacangkem ku Sartika waktu diajar di Eerste Klasse School jeung ti Agan Eni waktu di Cicalengka.

Rupana bae kagiatan ieu teh kanyahoan ku pamarentah Hindia Walanda. Ieu resiko pikeun jalma nu kungsi ngamusuhan pamarentah harita. Dina kaayaan naon bae bakal jadi objek pangawasan. Kaasup waktu Sartika ngayakeun pendidikan informal.
Pikeun mastikeun naon anu dipigawe ku putri Patih Bandung manten teh, C. Den Hammer, Inspektur Pangajaran Hindia Walanda di Bandung, ngadongdon langsung ka Simpangsteg. Saupama ieu kagiatan bakal jadi ancaman pikeun pamarentah, bakal dieureunkeun. Tapi lamun henteu ngabahayakeun, meunang dituluykeun bari tetap meunang pangawasan.
Kadatangan Den Hammer anu curiga kana sagala kagiatan Sartika, sanggeus panggih jeung dialog langsung, malahan ganti jadi simpati. Kangewana ka kulawarga urut pemberontak, robah jadi simpati jeung asih. Hal anu luarbiasa pisan kaalaman ku C.Den Hammer.
Sanggeus diuk dina sofa kai, CD Hammer nyarita: “ Luyu jeung jangji kuring rek kadieu, rek nempo kagiatan pangajaran yufrow. Kira-kira aya sabaraha muridna?”
“Mung aya sapuluh urang, Tuan. Ieu sanes kagiatan resmi, mung kagiatan kulawarga” tembal Sartika.
“Wajar hal eta teh, yufrow Uwi. Hal anu gede apan dimimitian ku hal nu leutik heula…”
“Kangge ngadegkeun sakola, maksad Tuan?”
“Leres…”
“Tangtos abdi gaduh maksad kitu, Tuan. Namung abdi terang, eta kahayang teh teu benten sareng ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa ku jara. Ku margi kitu ku abdi diwatesanan mung kulawarga nu caket bae…”

Tuluy Den Hammer diajak nempo kagiatan diajar masak jeung ngaput nu lumangsung di tukangeun imah. Ieu nu nimbulkeun simpati C. Den Hammer.
“Naon maksadna yufrow Uwi ngajarkeun masak, nyulam, maca jeung nulis?”
“Abdi hayang masihan kapinteran pikeun kaom wanita bangsa abdi. Supaya maranehna percaya diri, henteu gumantung ka lalaki atawa ka batur…”
C. Den Hammer nganggap Uwi nu karek 18 taun geus ngabogaan sawangan nu kacida hebatna. Pikeun Den Hammer, jalma nu paduli kana pendidikan kaom wanita, tangtu eta jalma paham kana ningkatkeun peradaban bangsana. Antukna Den Hammer nawaran Uwi jadi guru di sakola kaom bumi putera. Tapi Uwi nolak, lantaran inyana leuwih ngarasa ajeg lamun jadi guru di sakola sorangan. Sanggeus ditimbang-timbang Den Hammer ngadukung cita-cita Dewi Sartika pikeun nyieun sakola sorangan.
Uwi nepungan sabaraha kulawargana di kalangan ningrat Bandung. Tapi taya saurang oge anu sadia ngabantu. Malahan loba anu nyebutkeun yen cita-cita Sartika teh ngalawan adat. Dibarengan ku dua dulur misan, Nyi Purwa jeung Nyi Uwid, Sartika datang ka Den Hammer nyaritakeun kagagalanana umajak ka baraya-barayana. Den Hammer sorangan manghanjakalkeun kaom ningrat Bandung anu teu ngadukung kana ieu gagasan. Inyana ngusulkeun sangkan menta bantuan jeung dukungan ka Rd Martanagara.
Tadina Uwi embung menta bantuan ti Rd Martanagara anu geus ngahukum ramana, nya eta Rd Somanagara. Komo deui RA Rajapermas mah, tadina ngaulah-ulah. Ngamaklum kana eta kaayaan, Den Hammer ngadatangan Bupati Bandung, Rd Martanagara, pikeun ngajelaskeun cita-cita mulya Sartika. Harita mah Rd Martanagara tacan nyanggupan, lantaran kudu musawarah heula jeung anak buah katut sobat-sobatna.
Henteu nepi ka dinya. Den Hammer ngadatangan Asisten Residen geusan nepikeun dukunganana kana gagasan Sartika. Rupana bae Asisten Residen nyaluyuan. Geus kitu mah Den Hammer mere saran sangkan Sartika gancang ngadatangan Bupati bandung, sanajan eta hal lalawanan jeung pribadi atawa kulawarga.
Di luar dugaan, Bupati Bandung sadia ngabantu. “Nya atuh Uwi, ari Uwi panteng jeung keukeuh hayang mah, mugi-mugi bae dimakbul ku Allah nu ngawasa sakuliah alam. Urang nyoba-nyoba nyieun sakola sakumaha kahayang Uwi. Pikeun nyegah bisi aya kateungeunah di akhir, sakola teh alusna mah di pendopo wae heula. Lamun nyata henteu aya naon-naon, pek bae ngalih ka nu sejen”, kitu pokna.

Uwi atoh pisan. Nya mimiti 16 Januari 1904 Sakola Istri diadegkeun. Pikeun sawatara lokasina di paseban wetan di kompleks pendopo Kabupaten Bandung. Jumlah siswi nu daftar harita 60 urang. Hiji kanyataan yen minat masrakat harita kana pendidikan pikeun kaom wanita teh gede kacida.
Sataun ti harita, 1905, jumlah siswa ngalobaan. Rohangan di paseban wetan geus teu nyukupan. Uwi nyengcelengan sarta upayana hasil. Deukeut ka ahir taun 1905 Sakola Istri bisa dipindahkeun ka bangunan anyar di Ciguriangweg.
Samemeh Dewi Sartika ngadegkeun Sakola Istri taun 1904, di Bandung geus aya sakola pikeun kaom wanita bumi putera ti kalangan bangsawan atawa anak pajabat. Misilna bae Eerste Klasse School, HIS (Holandsche Indische School), MULO, HBS (Hogere Burger School), AMS (Algemeine Middelbare School), jrrd. Kitu deui sakola husus saperti Ambacht School ( ayeuna ITB), Ambtenar BB, Sakola Dokter Jawa.
KAWIN KA DUDA
Kagiatan Uwi sabage kapala sakola dipigawe ti isuk nepi ka sore. Inyana sumanget pisan milampah pagaweanana henteu aya kacape, komo bosen mah. Mireungeuh kanyataan kitu Rajapermas mimiti hariwang, bisi putrina teu mikiran pisalakieun. Dina salasahiji kasempetan Rajapermas nanyakeun ngeunaan rumah tangga. Tapi Uwi embung ngabahas masalah jodo, iwal ti masrahkeun hal eta ka Gusti Nu Mahasuci. Rajapermas nalangsa, sieun putrina tambah umur tambah anggang tina jodona.
Dina hiji poe datang utusan Kasultanan Banten anu mawa amanah ti Pangeran Djajadiningrat. Baheula waktu Rd Rangga Somanagara masih jadi Patih Bandung sosobatan jeung kulawarga Pangeran Djajadiningrat. Malahan harita kungsi cacarekan ngajodokan anak masing-masing. Sanggeus lila taya hubungan nanaon, Pangeran Djajadiningrat ngirim utusan ka Bandung nu taya lian iwal ti rek ngalamar Dewi Sartika. Tangtu bae Rajapermas atoheun. Tapi kacida ngangresna waktu dina kanyataanana mah Sartika nolak lamaran. Alesanana mah teu can siap rarabi.

Dina hiji poe Rd Martanagara menta bantuan ka Sartika jeung guru-guru Sakola Istri pikeun ngurus konsumsi pangajian di pendopo Kabupaten. Ondangan rea pisan, diantarana aya Raden Agah Kanduruan Suriawinata, guru di Eerste Klasse School Karang Pamulang. Dina eta acara Uwi kenalan jeung Agah. Rupana bae duanana pada-pada katarik asih.
Ti mimiti perkenalan di pendopo, hubungan Sartika jeung Agah beuki deukeut. Padahal Agah teh duda boga anak dua, ngan tacan lila, sanggeus pamajikanana nu ti heula maot, hiji diantara anakna oge maot. Kiwari Agah ngan babarengan jeung ibuna, katut anakna nu hiji deui. Sartika simpati kana kahirupan Raden Agah. Ceuk sawanganana Agah lalaki anu tabah, jujur jeung bageur. Tali asih antara Sartika jeung Agah beuki nganteng. Unggal poe Agah nyampeur jeung nganteur Uwi ka sakola atawa ka imah.
Rajapermas hariwang jeung sungkan lamun Uwi kudu meunangkeun Agah, duda anak hiji anu status kaningratanana henteu satahap. Kitu deui Rd Somamur, lanceuk Uwi, henteu satuju kana eta hubungan. Ku kituna aranjeunna neangan akal sangkan Sartika pisah ti Agah. Tapi beuki keras usaha pikeun misahkeunana, beuki sengit perlawanan ti Uwi ka lanceuk sareng ibuna. Malah tekadna geus buleud pikeun nikah ka Raden Agah. Dialog antara Nyi Purwa jeung Nyi Uwid, beuki negeskeun patekadanana. “Ngurus anak pahatu teh ibadah”, kitu saur Dewi Sartika. “Samemeh aceuk nikah, geus jadi indung sakabeh barudak awewe anu jadi murid di sakola urang,” tambahna.
Dina hiji peuting Agah tafakur di makam Wiranatakusumah IV, aki Dewi Sartika. Utamana pikeun nyuhunkeun restu jeung pituduh lamun jadi nikah ka Dewi Sartika. Ku jalan tafakur teh, akhirna RA Rajapermas jeung Rd Somamur mere restu kana pernikahan, anu lumangsung saderhana tapi khidmat.
SAKOLA KAOETAMAAN ISTRI
Ti mimiti pindah ka Ciguriangweg, murid Sakola Istri beuki rea. Lolobana rahayat leutik. Jigana kaom wanita harita sarumanget kana diajar. Ieu hiji pertanda bangsa urang hayang maju, hayang mibanda pangaweruh saperti bangsa lian. Keur ngantisipasi lobana murid, sababaraha bangunan geus dilegaan. Malahan aya bangunan anyar pikeun kelas anyar. Kitu deui guru-guruna ditambah. Sakabehna dumasar swadaya nu dilakukeun ku Dewi Sartika.
Sakola Istri beuki populer di Bandung. Agah oge ngabantuan mekarkeun jeung ningkatkeun kualitas pendidikanana, sanajan henteu sacara langsung, lantaran masih ngajar di Eerste Klasse School Karang Pamulang. Anjeunna rajin maparin saran ka istrina dina ngamajukeun sakola, utamana dina ngalaksanakeun kagiatan diajar ngajar. Sababaraha media nu terbit di Bandung saperti De Preanger Bode, Media Priyayi, Poetri Hindia, Tjipatahoenan, jrrd mindeng ngawawarkeun perkembangan jeung kagiatan Sakola Istri.
Kasadaran organisasi kaom bumi putera beuki ningkat, bareng jeung ngadegna sababaraha pakumpulan saperti SDI (Sarekat Dagang Islam) disusul ku Boedi Oetomo. Tanggal 5 November 1910 diadegkeun pakumpulan Kaoetamaan Istri ku Residen Priangan WFI Boissevain di imah dinesna nu kiwari disebut Gedong Pakuan. Ieu pakumpulan teh gagasan istri Residen Priangan anu simpati jeung paduli kana perkembangan Sakola Istri. Anu hadir dina acara pembentukan ieu pakumpulan teh Inspektur Pangajaran JCJ Van Bemmel, Bupati Bandung RAA Martanagara, Raden Dewi Sartika jeung Raden Agah Kanduruan Suriawinata.
Tujuan utama pakumpulan Kaoetamaan Istri pikeun ngabantu perkembangan jeung pangwangunan sakola anu dipingpin ku Sartika, nya eta Sakola Istri. Salasahiji usahana nyaeta ngumpulkeun dana ti bangsa kulit putih jeung bumi putera sangkan bisa mantuan usaha pendidikan di Sakola Istri. Sabenerna Sartika jeung guru-guru Sakola Istri henteu gumantung kana pangbantu ti nu sejen, lantaran harita ge geus bisa dikelola sacara swadaya. Tapi ku diadegkeunana pakumpulan anu rek mantuan Sakola Istri, aranjeunna ngarasa kagagas. Sanajan kumaha bae oge pakumpulan ieu teh bukti usaha jeung simpati kana kamajuan Sakola Istri. Pikeun penghargaan kana ieu usaha, Dewi Sartika ngaganti ngaran Sakola Istri jadi SAKOLA KAOETAMAAN ISTRI.
Lantaran dipingpin ku istri Residen tur didukung ku para pajabat, pakumpulan Kaoetamaan Istri geus mampuh ngumpulkeun dana anu lumayan gedena. Nepi ka bisa ngadukung pangwangunan jeung ngadegna cabang Sakola Kaoetamaan Istri di Tasikmalaya, Sumedang, Garut, Cianjur, Purwakarta jeung Sukabumi. Sawatara kitu pikeun ningkatkeun kualitas atikan, kurikulumna disaluyukeun jeung kurikulum Tweede Klasse School, sanajan pangajaran kaparigelan wanita masih jadi rujukan utama.

Dina paringetan 7 taun ngadegna sakola, Bupati Bandung, RAA Martanagara, ngayakeun acara khusus di Sociteit Paroekoenan sakalian bazar hasil karajinan murid Sakola Kaoetamaan Istri. Acara ieu meunang tanggapan positif ti pajabat Walanda nepi ieu sakola kakoncara ka nagri Walanda.
Taun 1913 jumlah murid geus nepi ka 251 urang, sedengkeun lulusan 107 urang. Jadi harita mah sakola ieu teh kaasup sakola swasta nu panggedena. Geus ngabogaan 12 rohangan kelas kalawan fasilitas nu lumayan. Kanyataan harita 91,24 % muridna asal ti masrakat anu pangasilan kolotna kurang ti f 100, (saratus gulden). Murid-muridna henteu ngan saukur ti Bandung atawa wilayah Priangan, aya oge anu ti Sumatera.
Popularitas ieu sakola oge kaemper-emper ka Gupernur Jenderal Idenburg. Dina salasahiji waktu jalma nomer hiji Hindia Walanda teh kungsi ngadongdon Sakola Kaoetamaan Istri. Sarta taun 1916 sakali deui meunang kahormatan didongdon ku Gupernur Jenderal nu harita dijabat ku van Limburg Stirum.
Dina waktu anu sarua Agah mindeng panggih jeung dr Sosrokartono, lanceuk RA Kartini, anu mukim di Pungkurweg. Sartika ngamangpaatkeun hubungan salakina jeung dokter Jawa anu kamashur ahli kabatinan teh. Kagiatan sabage ahli kabatinan sabenerna mah kamuflase wungkul, lantaran cicing-cicing ieu dokter Jawa keur nyusun pergerakan pikeun ngalawan pamarentah Walanda. Di imahna sok karumpul dr Darmawan Mangoenkoesoemo adi dr Tjipto Mangoenkoesoemo, dr Eduard Douwes Dekker atawa Setiabudi, Abdoel Moeis jeung RM Soewardi Soerjaningrat.
Waktu kaen batik mimiti kamashur di Bandung, Sartika hayang ngasupkeun pangajaran ngabatik dina kurikulum sakolana. Sangkan murid-murid bisa nyieun batik, anu mangpaatna paling saeutik keur dirina jeung kulawarga. Tangtu bakal leuwih hade engkena jadi usaha anu bisa nambahan pangasilan jeung kahirupan kulawarga.
Taun 1916 sabada kunjungan nyonya van Limburg Stirum ka sakolana, Sartika indit ka Kendal rek diajar ngabatik ka RA Kardinah, adi RA Kartini, nu enggeus jadi istri Bupati Kendal. Wawuhna Sartika ka Kardinah ngaliwatan Sosrokartono anu nyobat jeung Agah.

Kardinah atoheun pisan jeung ngadukung minat Sartika kana seni karajinan batik. Sartika diajar pangaweruh ngeunaan batik, kaasup rupa-rupa batik sarta hubunganana jeung kahirupan budaya masarakat Jawa. Henteu lila Sartika geus nyaho teknik ngabatik jeung pangaweruh budaya batik. Waktu Sartika balik ka Bandung, dibarengan Mbok Suro nu ditugaskeun ku Kardinah supaya ngabantu di sakola ngalatih murid-murid ngabatik. Bareng jeung pangajaran batik, Sartika oge ngasupkeun basa Walanda jeung Inggris dina kurikulum sakola. Ku kituna basa Walanda jeung Inggris lain bae dipikanyaho ku kalangan ningrat tapi oge ku masarakat.
Henteu gampang neangan urang Walanda anu daekeun ngajar basa Walanda. Tapi sanggeus sababaraha kali masang iklan di media massa, aya hiji nona anu hade hate, van Stiebe, putrina dokter Stiebe anu pandanganana humanis, anu daekeun ngajar basa Walanda di Sakola Kaoetamaan Istri.
PELOPOR PERGERAKAN
Tumuwuh jeung mekarna rupa-rupa pakumpulan sosial di masrakat jadi cikal bakal sadar politik kaom bumi putera, leuwih nyadarkeun hak maranehna kana pentingna kamerdekaan. Merdeka ngawangun nagara sorangan, mingpin jeung ngolah nagara sorangan anu merdeka, leupas tina penjajahan. Taun 1912 Sarekat Dagang Islam (SDI) bubar lantaran pamingpinna nya eta Raden Mas Tirto Adi Suryo ditangkep sarta dibuang ku pamarentah jajahan. Tapi di Surabaya malah ngadeg Syarekat Islam (SI) dipingpin ku Haji Oemar Said Tjokroaminoto. Oge di Surabaya bangsa Indo walanda anu ngaran Hendrick Snevliet ngadegkeun pakumpulan ISDV (Indische Societeit Democracy Vereiniging).
Taun 1912 di Batavia ngadeg pakumpulan kaom wanita bumi putera Putri Mardika anu meunang dukungan ti pakumpulan Boedi Oetomo. Kagiatan utama Putri Mardika ngupayakeun pendidikan pikeun kaom wanita sakabeh golongan di Batavia. Syarekat Islam jeung Muhamadiyah oge ngabentuk bidang wanita dina organisasina.
Taun 1920 di Jogyakarta ngadeg organisasi wanita bumi putera nu disebut Wanita Oetomo, Wanita Moelyo, Wanita Katholik, jrrd. sedengkeun di Surabaya ngadeg Poetri Indonesia, Jong Islamieten Bonds James Afdelling, Jong Java Meisjeskring, Wanita Tamansiswa.
Di Bandung anu tadina milu ka SDI parindah jadi anggota SI. Lamun tadina SDI mangrupa pakumpulan sudagar bumiputera, SI mah ambahanana leuwih lega teu kawatesanan ku kaom padagang. Dina waktu sakeudeung ampir kabeh bumiputera arasup jadi anggota Syarekat Islam. Kitu deui Agah jeung para sudagar di Pasar Baru jeung Kalipah Apo arasup ka SI. Agah ayeuna jadi aktifis SI.
Komunikasi Bandung-Surabaya jeung sabalikna beuki lancar. Nepi ka dina hiji waktu warga SI di Bandung ngagelar rapat raksasa diluuhan ku ketua SI nyaeta Tjokroaminoto. Dina sela-sela ngaluuhan rapat akbar tea, anjeunna nyadiakeun waktu pikeun ngadongdon Sakola Koetamaan Istri. Nitenan hasil karya murid anu dijual jeung dipamerkeun dina bazaar, timbul rasa reueus dina diri Tjokroaminoto. Inyana teu nyangka barudak awewe bangsa pribumi di Bandung bisa ngahasilkeun karajinananju sakitu hadena.
HOS Tjokroaminoto ngondang Sartika sangkan datang ka Surabaya mere ceramah pikeun ngamotivasi warga SI di Surabaya. Sartika nyanggupan sarta datang ka Surabaya mere ceramah ka warga SI utamana kaum wanitana. Ieu kagiatan lumangsung terus, Sartika mindeng ka Surabaya kitu deui Tjokroaminoto mindeng ka Bandung.
Ngaran Dewi Sartika putri Rd Rangga Somanagara anu baheula kamashur musuh pamarentah, ayeuna jadi seungit. Dewi mimiti nulis artikel ngeunaan pamikiran jeung pamadeganana di media masa nu terbit di Bandung, Surabaya jeung Jogya. Materi artikelna lolobana ngeunaan atikan pikeun kaom wanita, nentang poligami, prostitusi jeung sejenna deui. Cek Sartika, awewe nu henteu ngabogaan pangaweruh jeung kaparigelan bakal teu bisa nanaon waktu kaleungitan salaki. Kukituna awewe kudu mekelan diri ku pangaweruh jeung kaparigelan nu mampuh ngajadikeun dirina mandiri, mibanda harepan jeung impian geusan kahareupna.

Tina artikel jeung pidato anu ditepikeunana, bakal nimbulkeun pertanyaan. Kumaha bisana hiji awewe saperti Sartika boga pamikiran kawas kitu di jaman penjajahan? Padahal apan kasangtukang pendidikanana oge ngan saukur drop out ti Eerste Klasse School nu ayeuna mah meureun Sekolah Dasar (SD). Sajaba ti kitu, sabage pendidik inyana teu kungsi diajar di sakola guru malahan teu boga pangalaman sabage guru. Tapi mungguhing Pangeran maparin berkah anu moal bisa kapimilik ku unggal jalma. Nya eta peka kana kahirupan, pinter, mulya, luhur daya pikirna, mampuh ngebrehkeun gagasan anu kreatif jeung inovatif pikeun bangsana. Inyana bisa mingpin Sakola Kaoetamaan Istri nu cabangna ampir di unggal daerah. Sanggup mere ceramah di mana bae, tampil sabage manusa anu otodidak plus pinuh ku rasa percaya diri. Sartika memang lain wanita jore-jore.
Taun 1922 lantaran jasana dina widang pendidikan, pamarentah Hindia Walanda mere anugerah mangrupa bintang perak (Silver Cross)
Dina Kongres Perempuan, Dewi Sartika salawasna ilubiung. Tanggal 22-25 Desember 1928 diayakeun pasamoan antar pakumpulan wanita bumiputera di Jogyakarta. Ieu pasamoan anu dipingpin ku Nyonya Soekanto teh mangrupa Kongres Perempuan I nu sapuk ngadegkeun Perserikatan Perkumpulan Perempuan Indonesia (PPPI). Kagiatanana: mere beasiswa pikeun murid awewe nu pinter tapi kurang mampu, ngayakeun kursus kasehatan, kampanye larangan kawin ngora, ngamajukeun kapanduan puteri, jrrd.
Taun 1929 waktu Sakola Kaoetamaan Istri geus ngadeg 25 taun pamarentah Hindia Walanda mere hadiah mangrupa gedong anyar ikeun sakola. Sarta ti harita Sakola Kaoetamaan Istri diganti ngaran jadi Sakola Raden Dewi (Raden Dewi School).
Tanggal 28-31 Desember 1929 diayakeun Kongres Perempuan II di Batavia nu eusina ngeunaan kalungguhan kaom wanita sarta hak meunang pagawean nu sarua jeung kaom lalaki. Oge disawalakeun ngeunaan perkawinan, utamana masalah poligami jeung kawin paksa.
Tanggal 22 Maret 1930 di Bandung ngadeg pakumpulam kaom wanita bumi tera Istri Sadar. Sarta 30 April 1930 ngadeg Pasundan Istri babagian ti Paguyuban Pasundan.
Saterusna 20-24 Juli 1935 diayakeun Kongres Perempuan III dipingpin ku ibu Sri Mangunsarkoro nu ngahasilkeun 6 putusan diantarana: panalungtikan masalah perburuhan, pemberantasan buta huruf, netralitas kaagamaan, jrrd. Kongres Perempuan IV dina bulan Juli 1938 di Bandung nu dipingpin ku ibu Emma Puradiredja netepkeun tanggal 22 Desember sabage Hari Ibu sarta ngadesek pamarentah nyieun rarancang aturan perkawinan nu adil.
Dina paringetan 16 Januari taun 1939 sanggeus 35 taun ngadegkeun sakola, Dewi Sartika dileler anugerah bintang emas ti pamarentah jajahan lantaran jasana dina widang pendidikan, utamana keur kaom bumi putera.
RADEN AGAH NGANTUNKEUN
Poe Salasa tanggal 25 Juli 1939 ti isuk keneh suasana Bandung mendung. Beda ti biasa. Dewi Sartika saperti biasa indit ka sakola sedengkeun Raden Agah ngadep ka Bupati Bandung, RAA Wiranatakusumah VI atawa Dalem Haji. Sabage tokoh Syarekat Islam inyana diajak marengan Bupati Bandung, rek anjangsana ka masjid Nagrek nemonan para ulama.

Teu aya saurang oge anu nyangka poe eta mangrupa isuk-isuk anu panganggeusan pikeun Agah babarengan jeung istrina. Konsep Sartika ngawangun jeung ngabina rumah tangga kacida hadena, saling babagi pasualan jeung kabagjaan. Mun aya beda pamadegan teu kudu jadi konflik, tapi dibeberes kalawan pangartian masing-masing. Hal ieu geus loba nu nyaho. Saperti ilubiungna Raden Agah dina ngabantu jeung ngabingbing istrina ngurus jeung ngamajukeun sakola. Raden Agah leuwih milih tetep jadi kapala sakola di Eerste Klasse School Karang Pamulang, batan jadi penilik (School Opziender) di Banten, lantaran hayang salawasna babarengan jeung istrina.
Tapi dina poe Salasa tanggal 25 Juli 1939 waktu milu dina acara silaturahmi jeung para ulama di Nagrek, Agah meunang serangan jantung, tanpa aya kila-kila samemehna, pupus sapada harita. Jenasahna dibawa balik, bareng jeung rombongan Bupati. Sore eta keneh Raden Agah dimakamkeun dihadiran ku barudak jeung kolot-kolotna ti Sakola Raden Dewi jeung Eerste Klasse School katut para pajabat Bandung.
Ti saprakna dikantun ku caroge, kasehatan Raden Dewi beuki turun. Teu damang diabetes. Anu tadina sakitu gendutna, beuki kuru. Loba istirahat di imah, putrina anu bungsu Rd. Dewi Ine Tardine mimiti ngabantuan ngajar. Najan kumaha kaayaanana, sakola kudu terus lumangsung.
TENTARA PANONPOE
Taun 1942 Jepang nyerbu ka saantero nusantara. Tentara Jepang mawa jangji kaamanan jeung persatuan pikeun bangsa Indonesia. Pamarentah Hindia Walanda nyerah, kakawasaan pindah ka tentara Panonpoe. Dina alih kakawasaan di Kota Bandung loba kajadian anu teu disangka samemehna. Contona, bangunan sakola Raden Dewi anu lain wangunan kantor pamarentah oge diasupan sarta barang-barangna diruksak. Sakola anu diadegkeun kalawan hese beleke teh ancur kawas kapal pejah. Tentara Jepang kalasar, teu ngahargaan sakola. Tujuan maranehna iwal ti ngarampas jeung ngawasa.
Dina kaayaan geringan Sartika ngadenge eta kajadian. Anjeunna nalangsa. Milik anu pangdipikameumeutna dirampas kalawan paksa. Dewi ngan bisa nyarita jero hatena, “Nu kitu tentara Jepang? Nu kitu ahlak bangsa nu ngaku sabage lanceuk?”
Dina jaman penjajahan Jepang sakabeh sakola dasar dijadikeun hiji disebut Sakola Rakyat. Sedengkeun sakola Raden Dewi diganti ngaranna jadi Sakola Gadis No. 29. Duka kumaha bet kitu jadina. Ngan anu jelas ti mimiti Jepang ngawasa Bandung, sakola Raden Dewi papanna diganti make huruf kanji judulna Sekolah Gadis No. 29. Komandan pasukan Jepang nepungan Dewi Sartika sarta menta sangkan Dewi jeung putrina jadi Kapala Sakola jeung guru di dinya. Tapi Dewi Sartika jeung Raden Ine nolak kalawan alesan nu lemes. Raden Dewi Sartika nolak make alesan geus kolot, mindeng gering ripuh. Sedengkeun Raden Ine nolak alesanana kudu ngarawat ibuna.
Tentara Jepang ngamaklum tanpa prasangka nanaon. Sakola Gadis No. 29 dibuka make kurikulum nu geus ditetepkeun ku pamarentah Jepang nu ayeuna jadi penjajah anyar. Pangajaran nu utama basa Jepang jeung basa Indonesia. Muridna lolobana asal ti SR No. 2 Balonggede, ngan saeutik nu asalna murid Raden Dewi School. Pangajaran masak jeung kaparigelan wanita ngan diajarkeun sapoe dina saminggu. Pangajaran agama masih aya. Kagiatan anyar nyaeta unggal isuk para siswa wajib ngabongkokkeun tonggong ka panonpoe anu disebutna sei keirei pikeun ngahormat ka kaisar Jepang nu ngaranna Tenno Haika. Sanggeus kitu diteruskeun ku senam nu disebut taiso.
Beda jeung bangsa Walanda, bangsa Jepang mah kalasar sarta marentahna kawas ka “budak beulian” malah leuwih handap deui ajenna, kawas ka sato. Kaom wanita boh nu geus boga salaki atawa randa, parawan, loba nu dinista kalawan sawenang-wenang. Teu saeutik nu jadi budak nafsu tentara Jepang. Kaom pria wajib kerja paksa nu disebut romusha. Harta mangrupa perhiasan boh emas atawa lianna dipenta kalawan paksa make alesan keur beaya perang.

Ti poe ka poe, ti waktu ka waktu sakola anu dirintis taun 1904 ku Sartika beuki robah. Ciri sakola ngan katembong pedah muridna kabeh awewe. Hanjakalna atikan nu diajarkeun lain khusus pikeun kaom wanita, tapi rupa-rupa hal anu tujuannana ngabantu kapentingan pendudukan Jepang.
SANGGEUS MERDEKA
Perang Dunya terus lumangsung. Cicing-cicing bangsa Indonesia nyusun kakuatan piken ngalawan. Nepi ka tanggal 14-15 Agustus 1945 waktu kota Hiroshima jeung Nagasaki dibom ku tentara Sekutu, mere pangaruh gede pikeun eureunna Perang Dunya. Tentara Jepang nyerah. Ieu mangrupa kasempetan hade pikeun bangsa Indonesia. Tanggal 17 Agustus 1945 Proklamasi Kamerdekaan dibacakeun ku Ir. Soekarno.
Tapi sanggeus Indonesia merdeka, Sekolah Gadis No. 29 teh ditutup. Dewi Sartika beuki nalangsa, lantaran rea panineungan nu aya di eta sakola. Dewi teu kuat nempo wangunan sakola nu beuki dieu beuki teu kapiara jeung geus leungit komarana. Sanggeus proklamasi dibacakeun sarta bandera beureum bodas dikelebetkeun sabage bandera kabangsaan, para pamuda ngangkat senjata pikeun mertahankeun nagara. Pasukan Jepang senjatana dirampas, maranehna pasrah bae ditawan ku pamuda.
Pikeun nyegah konflik dikirim pasukan perdamaian nyaeta tentara Inggris, Perancis jeung Ustrali. Tapi teu disangka tentara Walanda ngabonceng ka tentara Inggris, daratang deui, hayang ngajajah deui Indonesia. Ieu ngondang masalah anyar. Rakyat Indonesia teu narima kadatangan tentara Walanda. Perang antara tentara Walanda jeung pamuda mindeng kajadian. Hiji mangsa pamuda nu ngagabung ka TKR (tentara Keamanan Rakyat) mere racun dina sumber cai di Dago, nyaeta cai pikeun kabutuh tentara Walanda. Balukarna loba tentara Walanda nu paraeh. Pasukan Walanda males ku cara ngancurkeun bendungan Cikapundung, nepika loba rahayat nu imahna deukeut walungan paralid.
Perang fisik tuluy lumangsung saperti nu kajadian di Lembang, Viaduct, Lengkong, Bumi Siliwangi, jeung lianna deui. Komo deui sanggeus pasukan Gurkha, tentara bayaran Walanda mihak ka para pajoang, perang beuki ngalegaan. Nepi ka kajadian Bandung Lautan Api.
Dewi Sartika dibarengan ku Rd Ine ngungsi ngajugjug Bandung kidul. Sanggeus istirahat di Dayeuhkolot, Dewi neruskeun lalampahanana. Motong kompas ngaliwatan Garut nepi ka Tasikmalaya akhirna nepi ka Cineam. Salila di perjalanan inyana teu weleh sedih mikirkeun kaayaan sakola nu ditinggalkeun.
Bumen-bumen di imah leutik nu saderhana di desa Cineam, teu damangna beuki parna. Nepi ka akhirna tangal 11 September 1948 Dewi Sartika pupus di desa Cineam, Ciamis. Pamarentah RI dina SK Presiden No. 252 taun 1966 tanggal 1 Desember 1966 parantos ngaleler gelar pahlawan kamerdekaan nasional ka Ibu Raden Dewi Sartika ditawis langsung ku Presiden Soekarno.****
Bacaan:
Meniti Jembatan Emas, Yan Daryono, Grafitri Budi Utami, 2008
Raden Dewi Sartika Sang Perintis, Yan Daryono, Grafitri Budi Utami, 2008
Gapura Basa, Gegersunten

Sri Jayabhupati

(Raja SUNDA nu ka 20)
Rakeyan Wuwus disebut oge Prabu Galah Kulon, wafat taun 891 M. Diganti ku Prabu Darmaraksa. Tembong ayana usaha daria ngaraketkeun hubungan Sunda-Galuh. Boh permaisuri Prabu Darmaraksa, boh permaisuri Rakeyan Wuwus, duanana adi Prabu Langlang Bumi ti Galuh. Prabu Langlang Bumi kawin ka lanceuk Darmaraksa, Darmaraksa kawin ka adi Langlang Bumi. Tapi eta usaha teh teu kuat lila, aya saurang mentri Sunda nu fanatik, ngarasa teu ngeunah Sunda diparentah ku terah Galuh.
Inyana maehan Darmaraksa taun 895 M. ngabuktikeun kateupanujuanana. KulantaranRakeyan Wuwus teu boga turunan, nya karajaan Sunda diwariskeun ka Prabu Windusakti, anak Prabu Dewageng, hartina incu Darmaraksa. Salila saabad ti eta kajadian, tayaperistiwa nanaon nu kacatet, boh dina naskah Wangsakerta, atawadina naskah-naskah Sunda kuno liana. Kakara aya beja nu teges ngeunaan raja Sunda nu ka 20 (diitung ti Tarusbawa), nya eta Sri Jayabhupati atawa Prabu Detya Maharaja, nu di tegeskeun ku C.M.Pleyte, dumasar prasasti Cibadak-Sukabumi. Eta prasasti kaasup panjang, sabab make 4 batu keur nuliskeunana. Kapanggih ti sisi walungan Cicatih. 1 kapanggihdi kampung Pangcalikan, 3 di Bantar Muncang kacamatan Cibadak Sukabumi. Anapon eusi lengkepna;
//0// Swasti cakawarsita 952 Karttikamasa tithidwadaci cuklapaksa Ha ka ra wara tambir.iri- Ka diwaca nira prahajian sunda-ma- Haraja cri jayabhupati jayamana- Hen wisnumurti samarawijaya caka- Labhuwanamandalaeswaranindita Harogowardhana wikra- Mottunggadewa.ma-
Gaway tepek I purwa sanghyang tapak Ginaway denira cri jayabhupati prahajian Sunda.mwang tan hanani baryya baryya cila.i- rikang Iwah tan pangalapa ikan sesini Iwah. Makahingan sanghyang tapak wates kapujan I hulu. I sor makahingan I sanghyang tapak Wates kapujan I wungkalagong kalih .matangyan pinagawayaken pra- sasti pagepageh. Mangmang sapata.
Sumpah denira prahjyan Sunda I wirnya nihan
//o// indah ta kita kamung hyang hara agasti purbba daksina paccima uttara agniya neri- ti bayabya aicana urddhadah rawi caci patala jala pawana hutasanapah bhayu akaca teja sanghyang mahoratra saddhya yaksa raksa- sa picaca pieta sura garuda graham kinara mahoraga catwara Idkapala yama baruna kuwera bacawa mwang putra dewata pan- ca kucika nandicwara mahakala du- rggadewi ananta surindra anakta hyang kalamertyu gana bhuta sang prasiddha milu manarira umasuki sarwwajanma ata regnyaken iking sapatha samaya sumpah pamangmang ni lebu ni pa- duka haji sunda irikita kamung hyang kabeh.. ………………paka- dya umapala ikan..i sanghyang tapak ya patyananta ya kamung hyang denta t patya siwak kapalanya cucup utekna belah dada- nya inum rahnya rantan ususnya wekasaken pranantika……. ……..i sanghyang kabeh tawat hana wwang baribari cila irikang Iwah i sanghyang tapak apan iwak pakan parnnahnya kapangguh I sanghyang .. …………..maneh kaliliran Palnanya kateke dlaha ning dlaha…………… ……………paduka haji I sunda umade- Makna kadarman……ing samangkana wekawet Paduka haji I sunda sangum Nti ring kulit I kata kamanah ing kanang…… ……….i sanghyang tapak makatepa Iwah watesnya I hulu I sanghyang tapak i. …………….i hilir manhingan i- Rikang…………umpi ing wungkal gde jakih.i wruhhananta kamung hyang kabeh //0// (transkipsi Pleyte).
Tarjamahna:
Salamet. Dina taun saka 952 bulan kartika tanggal 12 bagian caang poe hariyang-kaliwon-Ahad wuku tambir. Ieu waktuna raja Sunda Maharaja Sri Jayabgupati Jayamahen Wisnumurti Samarawijaya Sakalabuanamandaleswaranindita Harogowardana Wikramottunggadewa nyieun ciri di wetaneun Sanghyang tapak.
Dijieun ku Sri Jayabhupati Raja Sunda, kade ulah aya nu wani Ngarempak katangtuan di ieu walungan. Ulah aya nu ngalalaik Di ieu walungan ti wates girang sanghyang tapak, nepi ka wates hilir Sanghyang tapak, lebah dua batu gede. Keur eta maksud,geu dijieun piagem nu dikuatan ku panggero supata jeung sumpah raja Sunda, nu unina kieu: Kacida endahna aranjeun Hyang Siwa,Agastya,wetan,kidul,kaler, Nyela bumi kidul,nyela bumi kaler,nyela bumi kidul,zenith,nadir, Panonpoe,bulan,bumi, cai,angin, seuneu,walungan,kakuatan, awang-awang,Cahaya,snghyang peuting,sore,yaksa,buta, pisaca(sabangsa siluman),sura,Garuda, buaya, kinara(Manusa manuk), naga, kaopat papayung dunya,Yama,Baruna,Kuwera,Beswa jeung putra dewata Pancakusika,sapi tunggangan Siwa, Mahakala,Dewi Durga,Ananata(Dewa Oray),Surindra,Putra HyangKalamercu,Gana (mahluksatengah dewa), buta,para arwah, muga milu mijalma ngaraksuk ka kabeh jalma.
Ku aranjeun gerakkeun
Supata,jangji, sumpah, panggero raja Sunda ieu………..
Eusi sumpah saterusna menta ka sakabeh kakuatan gaib nu geus digero sangkan maehan sing saha wae nuwani ngala lauk di ieu walungan dina wates nu geus ditangtukeun,bejadkeun sirahna,seuseup otakna,inum getihna,beulah dadana,pegatkeun peujitna. Sabalikna mun ambarahayat satia satuhu, teu ngarempak eta wates nu geus ditangtukeun,bakal dibere hadiah dicukupan sandang-pangnna Saumur hirupna. Pamungkasna ditegeskeun deui wates-wates walungan nu teu meunang diala laukna sabab kaasup wewengkon kabuyutan Sanghyang Tapak. Ieu prasasti negeskeunyen Sri Jayabhupati geus nyieun tanda/cirri di wetaneun kabuyutan, dina walungan Cicatih nu laukna teu meunang di ala semet wates nu geus ditangtukeun.
Loba prasasti-prasasti Sunda(sanggeus mangsa Tarumanagara)nu kapanggih diwewengkon kabuyutan. Prasasti Galunggung di GegerHanjuang, Prasasti Kawali jeung Batutulis, kabeh ge di wewengkon kabuyutan (tempat Pamujaan),hartina can tangtu puseur dayeuh karajaan Sunda aya di lebah dinya. Kulantaran prasasti Cibadak ditulis ku aksara jeung basa Jawa Kuno, dina gaya nu sagalana kawas Jawa Timur, wajar mun kungsi aya sangkaan yen karajaan Sunda dikawasa ku Erlangga. Padahal antara Sri Jayabhupati jeung Erlangga teh samitoha. Pada-pada minantu Prabu Darmawangsa. Gelar panjang Sri Jayabhupati eta gelar hadiah mangsa perkawinan, teu bina kawas gelar Erlangga nu panjang. Mun aya sangkaan kawas di luhur teh kacida teu merenahna, sabab prasasti Cibadak dijieun dina tanggal 11 Oktober 1030, dina mangsa eta Erlangga keur meujeuhna riweuh nalukkeun musuh-musuhna, jeung teu pantes raja bawahan nyieun prasasti sarupa kitu.
Geus disebutkeun di luhur yen Sri Jayabhupati teh raja Sunda nu ka 20 sanggeus Maharaja Tarusbawa. Nurutkeun Wangsakerta, tanda/cirri nu dijieun ku Sri Jayabhupati teh, tanda nobatna. Mungkin tanda dijieun tina menhir, atawa megalitik sejenna. Sri Jayabhupati marentah salila 12 taun (1030-1042 M), ramana Prabu Sanghyang Ageng dipusarakeun di Situ Sanghyang, can kaungkab ayana hubungan antara eta inohong jeung makam karamat nu aya didesa CIBALANARIK, Tasikmalaya. Makam ni dicirian ku batu pangcalikan nu sidik lain makam Lingga Wastu, sakumaha anu disebutkeun ku kuncenna, sabab Lingga Wasti ngaran alias Wastu Kancana. Istri Sri Jayabhupati nu ka dua, putri Melayu,Anak nu lahir tina ieu perkawinan, ngajodo ka putra mahkota Sriwijaya. Duaputri Sri Jayabhupati ngajodo ka mentri ti Bali jeung Jawa Timur.Malah aya alona nu kawin ka raja Wurawari, nu dina prasasti Calkuta disebut Pralaya, harita Prabu Darmawangsa gugur, nepi ka disebut Sang Mokteng Kadaton (Gugur di Istana). Ngaran Wurawari masih keneh mangrupa teka-teki para ahli sajarah, naha wurawari teh ngaran raja atawa ngaran karajaan? Aya nu nyangka di pulo Jawa, aya nu nyangka di daerah kapuloan wewengkon Sumatra, pedah wurawari = worahwarih ,(daerah nu loba cai). Schrieke nangtukeun yen wurawari ayana di sisi walungan Tulis, di kabupaten Banjarnagara, Jawa Tengah, ceuk inyana mungkin baheula daerah wurawari teh ngawengku Banjarnagara, Temanggung, Pemalang, jeung Kendal. Taun 1032 Erlangga kakara bias ngelehkeun raja Wurawari dina raraga ngayakeun konsolidasi kakawasaan. Tapi can bias ngelehkeun Wijaya raja wengker di wewengkon Madiun. Ku eta kanyataan, Erlangga can kungsi ngajorag musuh ka luar ti pulo Jawa, Prof.Schrieke netepkeun pamadegan yen Wurawari ayana di Jawa. Karek dina taun 1035 Erlangga bias ngelehkeunWijaya raja Wengker, pedah raja Wengker nyerang Wwtan Mas. Erlangga mindahkeun puseur pamarentahan ti Wwtan Mas ka Kahuripan. Sabenerna peristiwa pralaya (Prasasti Calkuta), mangrupa malespatina Sriwijaya ka Erlangga, ngaliwatan raja Wurawari. Sabab ti taun 900 Sriwijaya aya dina kakawasaan Darmawangsa ti Jawa Timur,sanggeus Sriwijaya eleh dina pertempuran laut. (lajengkeuneun)

Sanghyang Siksa Kanda (ng) Karesian

(Aturan hirup manusa Sunda bihari)
Panganteur Redaksi:
Naskah Sunda kuno (1518 M) Sanghyang Siksa Kanda (ng) Karesian anu disuguhkeun ayeuna,ngahaja ditulis saayana, basa Sunda kuno ditema ku tarjamah bebas, basa Sunda kiwari, ngarah nu maca gampil mahamkeunana.Ieu naskah ngahaja dicutat sacerewelena hasil panalungtikan/tulisan Drs.Atja jeung Drs.Saleh Danasasmita (suwargi), dua inohong budayawan Sunda, ti Sundanologi (Lembaga Penelitian & Pengembangan Kebudayaan Sunda)ieu naskah digarap ku Proyek Pengembangan Permusiuman Jawa barat. Naskah aslina aya di Museum Pusat Jakarta.
Angka-angka romawi dina ieu naskah, nuduhkeun nomer lambar naskah asli ti I nepika XXX. Huruf ng ngahaja dipisahkeun nulisna, keur ngabedakeun kecap kandang jeung kanda + ng, anu dina basa Sunda hartina ge beda.Ieu naskah lontar the kapanggih ti Kabuyutan- Bayongbong-Garut.Maksud disuguhkeun the ngarah Sunda entragan anyar apal kana karya sastra karuhun Sunda.Ieu naskah ditulis di jaman karajaan Pajajaran (1482-1579 M.). Ngarah gampang ngabedakeun, naskah asli disalin make huruf condong, tarjamahna make huruf nangtung. Dur panjak:
I
Ndah nihan warahakna sang sadu,de sang mamet hayu. Hana Sanghyang Siksakanda ng karesian ngaranya,kayatnakna wong sakabeh. Nihan ujar Sang Sadu ngagelarkeun sanghyang siksakanda ng karesian: ini sanghyang dasa kreta kundangeun urang reya.
Asing nu rek nanjeurkeun sasanakreta,pakeuneun heubeul hirup,heubeul nyewana,jadiyan kuras,jadiyan tahun,deugdeug tanjeur jaya prang, nyewana nya uran reya.
Ini byakta sanghyang dasakreta ngaranya,kalangkang dasasila,mayamaya sanghyang dasamarga,kapretyaksaan dasaindriya,pakeun ngretakeun bumi Lambadi bumi tan parek.
Ini pakeun urang ngretakeun bumi lamba, caang jalan,panjang tajur,paka pridana, linyih pipir, caang buruan.Anggeus ma imah kaeusi, leuit kaeusi,paranje kaeusi, huma kaomean, sadapan karaksa, palana ta hurip, sowe waras nyewana sama wong (sa) rat.Sangkilang di lamba,trena,taru lata galuma,hejo lembok tumuwuh sarba pala wowohan,dadina hujan landing tahun,tumuwuh daek,maka huripna urang reya.Inya eta sanghyang sasanakreta di lamba ngarana.
Ini Sanghyang dasakreta, nu dipajarkeun kalangkang sanghyang dasasila, ya mayamaya sanghyang dasamarga ta:Kapretyaksaan na dasaindriya, ini byakta:ceuli ulah barangdenge mo ma nu sieup didenge,kanana dora bancana,sangkan urang nemu mala, nu lunas papa naraka, Hengan lamun kapahayu ma, si nengguh utama si pangreungeu.Mata ulah barangdeuleu, mo ma nu sieup dideuleu, kenana dora bancana, sangkan urang nemu mala na lunas papa naraka, Hengan lamun kapahayu ma, sinengguh utama ning deuleu.Kulit ulah dipake gulangasehan, ku panas ku tiis, kenana dora bancana, sangkan urang nemu malana lunas papa naraka, Hengan lamuna kapahayu ma sinengguh utama bijilna ti letah. Irung ulah salah ambeu, kenana dora bancana, sangkan urang nemu mala, na lunas papa naraka,Hengan lamun kapahayu ma, sinengguh utama bijilna timirung.
Tah ieu nu diajarkeun ku Sang Budiman keur (maranehna)nu neangan kabagjaan.Aya nu disebut Sanghyang Siksakanda (ng) Karesian, nu kudu diperhatikeun ku sarerea.
Saha nu rek ngajegkeun sasanakreta, ngarah bisa lana hirup, lila unggul, ingoningon baranahan,subur pepelakan,salilana meunang dina perang,(sumberna) nyampak di jalma rea(rahayat).
Ieu kanyataan nu disebut sanghyang dasakreta, kalangkang dasasila,ngeunteungan sanghyang dasamarga, wujudna sanghyang dasaindriya,keur hirup di dunya nu lega.
Ieu keur urang ngabagjakeun dunya kahirupan, jalan lening,subur tutuwuhan,cukup sandang, beresih tukangeun imah, beresih buruan. Imah kaeusian, leuit pinuh,kandang hayam kaeusian,huma kaurus,sadapan kapiara,panjang umur,tetep sehat,(sumberna) aya di manusa sadunya. NGalengkepan kahirupan; jukut, tatangkalan,rambat, rungkun hejo subur,tumuwuhna rupaning bubuahan,loba hujan, tatangkalan jarangkung, sabab subur jadina: eta nu disebut sumber kabagjaan dina kahirupan.
Ieu Sanghyang dasakreta,nu disebut kalangkang dasasila,eunteungna dasamarga,wujudna dasaindriya.Ieu kanyataanana; Ceuli ulah ngadenge nu teu pantes didenge, sabab jadi panto cilaka, nyababkeun urang cilaka kana dasar kanistaan naraka. Tapi mun pangdenge kapiara, urang bakal meunang kautamaan tina pangdenge. Panon ulah nempo naon-naon nu teu pantes ditempo,sabab jadi panto cilaka,nyababkeun urang kana dasar kanistaan naraka. Tapi mun panon kapiara urang bakal meunang kautamaan tina panenjo. Kulit ulah dijadikeun sumber kasusah, pedah ku panas jeung tiis, sabab jadi panto cilaka,nyababkeun urang kana dasar kanistaan naraka.tapi mun kulit kapiara, urang bakal meunang kautamaan tina kulit. Letah ulah salah ucap, sabab jadi panto cilaka, nyababkeun urang kana dasar kanistaan naraka, tapi mun letah kapiara, bakal meunang kautamaan tina letah. Irung ulah saambeu-ambeuna, sabab jadi panto cilaka, nyababkeun urang kana dasar kanistaan naraka, tapi lamun irung kapiara urang bakal meunang kautamaan tina irung.
II
Sungut ulah barangcarek , kenana dora bancana na lunas papa naraka,Hengan lamun kapahayu ma sinengguh utama bijilna tina sungut.Leungeun ulah barangcokot kenana dora bancana na lunas papa naraka, Hengan kapahayu ma sinengguh utama bijil t leungeun.Suku ulah barangtincak, kenana dora bancana na lunas papa naraka, Hengan lamun kapahyu ma sinengguh utama bjilna ti suku.Payu ulah dipake keter, kenana dora bancana na lunas papa naraka, Hengan lamun kapahyu ma sinengguh utama bijilna ti payu.Baga purus ulah dipake kancoleh, kenana dora bancana na lunas papa naraka,Hengan lamun kapahayu ma sinengguh bijil ti baga lawan purusa.Ya ta sinangguh dasakreta ngaranna. Anggeus kapahayu ma dora sapuluh, rampes twah na urang reya;maka nguni twah sang dewaratu.
Nihan sinangguh dasaprebakti ngarannya. Anak bakti di bapa,ewe bakti di salaki hulun bakti di pacandaan, sisya bakti di guru,wang tani bakti di wado, wado bakti di mantri, mantri bakti di nu nanganan, nu nanganan bakti di mangkubumi, mangkubumi bakti di ratu, ratu bakti di dewata, dewata bakti di hyang. Ya ta sinangguh dasaprebakti ngarannya.
Baham ulah salah ngomong, sabab jadi panto cilaka,kana dasar kanistaan naraka. Tapi lamun baham kapiara, urang bakal meunang kautamaan tina baham. Leungeun ulah asal nyokot, jdi panto cilaka, nyababkeun urang kna dasar kanistaan naraka. Tapi lamun leungeun kapiara, urang bakal meunang kautamaan tina leungeun. Suku ulah asal nincak, jadi panto cilaka, nyababkeun urang kana dasar kanistaan naraka, tapi lamun lengkah kapiara, urang bakal meunang kautamaan tina suku. Palawangan ulah dipake cabul jadi panto cilaka, nyababkeun urang kana dasar kanistaan naraka. Tapi lamun palawangan kapiara, urang bakal meunang kautamaan tin palawangan. Larangan ulah dipake jinah, jadi panto cilaka, nyababkeun urang kana dasar kanistaan naraka. Tapi lamun larangan kapiara, urang bakal meunang kautamaan ti larangan awewe jeung larangan lalaki.
Tah eta dasakreta. Mun geus bisa ngaraksa dasakalesa mangka sampurna amal balarea, nya kitu deui amal Sang Raja.
Ieu nu disebut dasaprebakti: Anak bakti di bapa, pamajikan bakti di salaki, rayat bakti ka dunungan, murid bakti ka guru, patani bakti ka wado, wado bakti ka mantra, mantra bakti di nu nanganan, nu nanganan bakti ka mangkubumi, mangkubumi bakti ka ratu, ratu bakti ka dewata, dewata bakti ka Hyang.Tah eta dasaprebakti ngarana.
III
Ini na lakukeunesun, talatah sang sadu jati. Hong kara namo sewaya, sembah ing hulun di sanghyang panca tatagata: Panca ngaran ing lima, tata ma ngaran ing sabda, gata ma ngaran ing raga, yata panghayueun sareanana.
Panca aksara guruguru ing janma. Panca aksara ma byakta nu katongton kawreton, kacaksuh ku indriya. Guru ma pananyaan Na urang reya; nya mana dingaranan guru ing janma, sang moha sanggeusna aya bwana.
Ini byaktana, ngarannyaya panca byapara: Sanghyang pretiwi, apah, teja, bayu mwang akasa: carek sang sadu mahapurusa. Eta keh drebya urang. Kangken pretiwi kulit: kangken apah darah,ciduh: kangken teja panon; kangken bayu tulang; Kangken akasa kapala; iya pretiwi di sarira ngaranya. Nya mana dikangkenkeun ku nu mawa bumi, ya mangupati pra rama, resi, disi mwang tarahan.
Ini Pancaputr: pretiwi Sang Mangukuhan, apah Sang Katungmaralah, teja Sang Karungkalah, bayu Sang Sandanggreba, akasa Sang Wretikandayun.
Ini pancakusika: Sang kusika di gunung, Sang Garga di rumbut,Sang Mesti di Mahameru, Sang Purusa di Mandiri, Sang Patanjala di Panjulan.
Lamun pahi kaopeksasanghyang wuku lima(dina)bwana, boa halimpu ikang desa kabeh ngaranya: purba, daksina,pasima,utara, madya.Purba, timur, kahanan hyang isora, putih rupanya: Daksina, kidul, kahanan hyang Brahmamirah rupanya: pasima,kulon, kahanan hyang Mahadewa,kuning rupanya:

Ieu nu kudu dipilampah,amanatan Sang Budiman sajati: ” Hong kara namo sewaya, sembah ing hulun di Sanghyang Panca tatagata. Tah kawajiban teh nyembah sanghyang siwa, sembah kuring ge ka sanghyang Budha nu lima”. Panca hartina lima, tata hartina sabda,gata hartina raga. Eta jalan kasalametan keur sarerea.
Panca aksara (5 huruf suci) nya eta guru manusa. Panca aksara nya eta kanyataan nu katembong jeung karasa (kasaksian) ku indera.Guru teh pananyaan keur balarea,eta sababna disebut Guru manusa. Ayana kabodoan (sasar) teh sanggeus aya (diciptana)dunya.
Ieu kanyataan nu disebut Pancabyapara (5 pamungkus): Sanghyang Pretiwi (taneuh), apah (cai), teja (cahaya), bayu (angin),akasa (awang-awang).Ceuk Sang Budiman manusa utama: Eta milik urang. Nu bisa dipapandekeun kana Pretiwi nya eta kulit, nu dipapandekeun kana cai nya eta getih jeung ciduh, nu dipapandekeun kana cahaya nya eta mata, nu dipapandekeun kana angin nya eta tulang,nu dipapandekeun kana akasa, nya eta sirah. Eta nu disebut Pretiwi dina awak. Mangka diibaratkeun ku nu ngawasa bumi, ngajanggelek jadi para rama (kokolot desa), resi (pandita), disi (ahli ramal jeung obat), tarahan (ahli parahu), jeung Sang Prabu.
Ieu nu (disebut) Pancaputra: Pretiwi, Sang Mangukuhan, apah , Sang Katungmaralah,teja,Sang Karungkalah, Bayu, Sang Sandanggreba, akasa, Sang Wretikandayun.
Ieu nu disebut Pancakusika: Sang Kusika di Gunung, Sang Garga di Rumbut, Sang Mesti di Mahameru,Sang Purusa di Mandiri, Sang Patanjala di Panjulan.
Lamun diingetkeun bari sadar enya-enya, wuku lima di dunya, pasti mamur sakumna nagri. Sakumna nagri ngarana: purba,daksina,pasima,utara,madya,. Purba nya eta wetan,tempat Hyang Isora.Putih warnana.Daksina nya eta kidul,tempat Hyang Brahma,mirah(beureum) warnana. Pasima nya eta kulon,tempat Hyang Mahadewa, Kuning warnana.
IV
Utara, lor, kahanan hyang Wisnu, hireng rupanya: madya, tengah, kahanan hyang siwah,aneka warna rupanya. Nya mana sakitu sanghyang wuku lima dina bwana.
Ini wuku lima di Sang Pandita. Sandi ma karasa situtur, tapa ma karasa si langlang,lungguh ma karasa si pageuh, pretyaksa ma karasa si asembawa, kaleupasan ma karasa madumi tan kaduman,manghingetan tanpa hingga,sakitu wuku lima di mahapandita
Nihan pawwitan ning kreta,sya sang dewata lima. Pahi ngawakan ngaran di maneh, pahi mireungeuh rua di maneh, Hengan lamunna mo karasa ma, kadyangga ning wilut tumemu wilutnya, bener tumemu benerna, Kitu keh eta, ku twah ning janma mana kreta, ku twah ning janma mana na layu.
Ini karma ning hulun, saka jalan urang hulun: karma ma ngaranya pibudieun,ti(ng)kah paripolah saka jalan ngaranya. Maka takut maka jarot, maka atong,maka teuang di tingkah di pitwaheun, di ulah di pisabdaan.
Maka nguni lamun hareupeun Sang Dewaratu pun, maka satya di kahulunan, maka lokat dasa kalesa, boa ruat mala mari papa, kapanggih ning kasorgaan, lamun teu(ng)teuing ngawakan karma ning hulun, kitu eta leuwih madan usya ditindih ukir, di tapa di luhur gunung,: kena palarang ditapa/di/na luhur gajah hunur si(ng)ha, deukeut maha bancana.
Ini twah ing janma,pignaeun na urang reya. Ulah mo turut sanghyang siksakan-
Utara nya eta utara (kaler), tempat hyang Wisnu:Hireng (hideung) warnana. Madya nya eta tengah, tempat hyang Siwa, rupa-rupa warnana.Tah sakitu wuku lima di dunya.
Ieu wuku lima maha pandita: Elmu basa, karasa dina mitutur (ceramah), tapa karasa dina ngalalana, diuk karasa dina kaajegan(teguh), kanyataan karasa dina kasaksian (naon nu katembong), kalepasan(jiwa) karasa (mun mampuh) ngabagi (mere) lain dibagi (dibere): Mereb inget (ngelingan) kana bebeneran, tanpa wates. Sakitu wuku lima di maha pandita.
Ieu pangkal kasajahtraan,maranehna Sang Dewata lima: Kabeh mijalma (ngajanggelek) dina ngaran maneh/ngaran urang, sarerea nempo rupa anjeun (rupa urang), tapi mu teu karasa ayana, cara liuk(mengkol) panggih jeung liukna,empeng panggih jeung lempengna. Kitu tah. Sajahtra karana gawe manusa, karana gawe manusa keneh mangka sangsara/cilaka.
Ieu pagawean amba/rahayat,keur jalan urang ngabdi.Digawe teh hartina melak budi, tingkahlaku nu jadi jalanna. Kudu sieun kudu keueung,kudu hormat,kudu ajrih dina tingkahparipolah,dina pagawean,dina rengkak jeung ucapan.
Tah kitu mun aya hareupeun raja: kudu stya dina ngabdi, kudu bersih (ngajaga) panto nu sapuluh(10 indera), pasti mo aya noda mo aya kahinaan., manggihan kasampurnaan.Mun enya-enya ngalaksanakeun tugas sabage amba/bawahan.Mangka nu kitu leuwih alus batan umiur saluhur pasir, tapa di luhur gunung,sabab teu meunang tapa dina hulu gajah atawa tonggong singa, babari meunang cilaka.
Ieu kalakuan manusa nu mangpaat keur balarea. Kade ulah mengpar tina Sanghyang siksakan-
V
da ng karesian. Jaga rang dek luput pancagati, sangsara.mulah carut mullah sarereh, mulah nyangcarutkeun maneh,kalingana nyangcrutkeun maneh ma ngaranya: nu aya dipajar hanteu, nu hantu dipajar inya, nya karah (e)dapna ma kira-kira,Budi-budi ngajerum mijaheutan, eta byaktana nyangcarutkeun maneh ngaranya.Nyangcarutkeun sakalih ma ngaranna, mipit mo amit, ngala mo menta, ngajuput mo sadu; maka nguni tu tunumpu, maling,ngetal,ngabegal,sing sawatek cekap carut, ya nyangcarutkeun sakalaih ngaranna.
Sanguni tu meor, ngodok,nyepet,ngarebut,ngaorogoh,papanjingan; maka nguni ngotokngowo di pamajikan,di panghulu tandang, maka nguni di tohaan di maneh. Itu leuwih mulah dipiguna,di pitwah ku urang hulun,ulah mo pake na sabda atong teuang guru basa, bakti suksila di pada janma, di kula kadang baraya.
Maka nguni di tohaan urang, suku ma pake di sila, leungeun ma poake umun.Jaga rang pacarek deung menak deung gusti, deung buhaya ing kalih: deung estri larangan,maka nguni deung tohaan urang, jaga rang dipiguhakeun,mulah surah di tineung urang, sanguni salah tembal,kajeueung semu mo suka ku tohaan urang; ulah, pamali bisi urug beunangdi tapa, hilang beunang cakal bakal, bisi leungit batri hese,kapangguh ku sanghyang jagat sangsara,katigraha ku sang dewaratu.
Dang karesian, ulah leupas tina Pancagati (5 kaayaan asli), ngarah teub sangsara; ulah nipu, ulah pipilueun (babari katularan sifat jahat),ulah nipu diri sorangan, nu disebut nipu diri sorangan teh; nu bener disbut lain, nu lain disebut bener. Tabiatna salilana jijieunan. Pagawean mitnah jeung nganyerikeun hate batur, eta kanyataan nu disebutv nipu diri sorangan.
Nu disebut nipu batur nya eta; metik/mipit teu amit/, menta teu bebeja,mulung/nyokot teu mere nyaho, nyakitu deui; ngarampas,maok,ngarebut,ngabegal/ngarampog, kabeh kaasup pagawean nipu (jahat).Eta nu disebut nipu batur. Nya kitu deui ngalejokeun,ngodokan saku batur, nyopet,ngarebut,maok/ngagurayang harta jalma nu keur sare, asup ka imah batur(tanpa permisi),oge tuluy cicing di dunungan, gegeden,jeung di raja urang. Laku kitu leuwih-leuwih ulah dipilampah,ulah dilakukeun sabage hamba. Ulah ninggalkeun tutur saur nu teu hormat,sopan,pantes,basajan,depe-depe,santun ka sasama jeung ka kulawarga/baraya.
Kitu kuduna sikep ka raja urang; suku kudu dipake sila,leungeun dipake nyembah. Mun urang ngomong jeung menak, jeung dunungan nu boga tanah,jeung sakabeh pangajeg hokum,jeung awewe larangan(aya nu boga),nya kitu deui jeungv raja urang; Mun urang dipercaya, nyekel rusiah,ulah hianat kana kasatyaann urang,nya kitu mun salah ngajawab, beungeut ulah katembong bangkenu ku raja.Ulah. Pamali! Matak runtag hasil urang tatapa,leungit jasa nini-aki, leungit beunang urang hese cape.Bakal sangsara, diusir ku sang raja. (hanca…)