Kamis, 24 November 2011

Nazom Zubad 1

Nazom Zubad ieu angitan Syaikh Ibnu Ruslan, anu ngawengku kana 3 pokok ajaran Islam ; Tauhid, Ibadah/Fiqih Madzhab Syafi'ie sareng Tasawwuf/Akhlaq.
Di handap ieu ngarupikeun tarjamah bebas nazom dina basa sunda, mugia aya mangfa'atna kanggo balarea terutami pami di nazomkeun ku marurangkalih seueurna 1000 bet langkung.

Bismillaahirrohmaanirrohiim
Bubuka
Puji kagungan Alloh Agung SifatNa
Nungajelaskeun halal jeung haramna
teras mugi rohmat Alloh tur salamNA
ka Jeng Nabi pinilih Mekah lahirna

Tegesna Muhammad kang tuduh nu sasar
ka sobat wargi rohmat salam sing kelar
Ari ieu nazom Zubad disebatna
jumlahna sarebu bet tur panambahna

Gampang ngapalkeunnana keur nu aralit
nu mangfa'at keur pamulana teu sulit
bakal cukup mareng taufiq nu getolna
pami dipaham tur ditutur amalna

Amalkeun najan wajib tina zakatna
kaluar tinu poek ku cahya elmuna
mangka nu uninga elmu teu jeung amalna
memeh abdi tapekong heula siksana

Sakur jalma mun amal teu jeung elmuna
Amalna ditolak moal ditarima
ka Alloh ngarep ni'mat ku ikhlasna
supaya jaga salamet riweunahna    ( nyambung )

Elmu Ushul (tauhid)

Ari pangmimiti wajib ka manusa
Uninga ka Alloh kalayan yaqinna
Ku ngucap dua kalimah syahadatna
pikeun sah iman jalma anu kawasa

Lamun ngabenerkeun hate jeung amalna
Iman sok aya kurang jeung sampurnana
kudu aya tina iman panambahna
jeung dina bersih manah kana nganyarna

Ku seueur sholat jeung kana ta'atna
Jeung ninggalkeun perkara nafsu syahwatna
Mangka ari nafsu syahwat mareng dosa
Nungalantarakeun kana teuas hatena (nyambung)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar