Kamis, 08 Desember 2011
SundaBlog: NGAMUMULE BASA SUNDA
SundaBlog: NGAMUMULE BASA SUNDA: ku: Tata Danamihardja A jeg-ajeg (kade sanes ajep-ajep :) kasundaan teh diantarana baris katingali dina soal basa. Pan asa aneh lamun ur...
Kamis, 24 November 2011
Nazom Zubad 1
Nazom Zubad ieu angitan Syaikh Ibnu Ruslan, anu ngawengku kana 3 pokok ajaran Islam ; Tauhid, Ibadah/Fiqih Madzhab Syafi'ie sareng Tasawwuf/Akhlaq.
Di handap ieu ngarupikeun tarjamah bebas nazom dina basa sunda, mugia aya mangfa'atna kanggo balarea terutami pami di nazomkeun ku marurangkalih seueurna 1000 bet langkung.
Bismillaahirrohmaanirrohiim
Bubuka
Puji kagungan Alloh Agung SifatNa
Nungajelaskeun halal jeung haramna
teras mugi rohmat Alloh tur salamNA
ka Jeng Nabi pinilih Mekah lahirna
Tegesna Muhammad kang tuduh nu sasar
ka sobat wargi rohmat salam sing kelar
Ari ieu nazom Zubad disebatna
jumlahna sarebu bet tur panambahna
Gampang ngapalkeunnana keur nu aralit
nu mangfa'at keur pamulana teu sulit
bakal cukup mareng taufiq nu getolna
pami dipaham tur ditutur amalna
Amalkeun najan wajib tina zakatna
kaluar tinu poek ku cahya elmuna
mangka nu uninga elmu teu jeung amalna
memeh abdi tapekong heula siksana
Sakur jalma mun amal teu jeung elmuna
Amalna ditolak moal ditarima
ka Alloh ngarep ni'mat ku ikhlasna
supaya jaga salamet riweunahna ( nyambung )
Ari pangmimiti wajib ka manusa
Uninga ka Alloh kalayan yaqinna
Ku ngucap dua kalimah syahadatna
pikeun sah iman jalma anu kawasa
Lamun ngabenerkeun hate jeung amalna
Iman sok aya kurang jeung sampurnana
kudu aya tina iman panambahna
jeung dina bersih manah kana nganyarna
Ku seueur sholat jeung kana ta'atna
Jeung ninggalkeun perkara nafsu syahwatna
Mangka ari nafsu syahwat mareng dosa
Nungalantarakeun kana teuas hatena (nyambung)
Di handap ieu ngarupikeun tarjamah bebas nazom dina basa sunda, mugia aya mangfa'atna kanggo balarea terutami pami di nazomkeun ku marurangkalih seueurna 1000 bet langkung.
Bismillaahirrohmaanirrohiim
Bubuka
Puji kagungan Alloh Agung SifatNa
Nungajelaskeun halal jeung haramna
teras mugi rohmat Alloh tur salamNA
ka Jeng Nabi pinilih Mekah lahirna
Tegesna Muhammad kang tuduh nu sasar
ka sobat wargi rohmat salam sing kelar
Ari ieu nazom Zubad disebatna
jumlahna sarebu bet tur panambahna
Gampang ngapalkeunnana keur nu aralit
nu mangfa'at keur pamulana teu sulit
bakal cukup mareng taufiq nu getolna
pami dipaham tur ditutur amalna
Amalkeun najan wajib tina zakatna
kaluar tinu poek ku cahya elmuna
mangka nu uninga elmu teu jeung amalna
memeh abdi tapekong heula siksana
Sakur jalma mun amal teu jeung elmuna
Amalna ditolak moal ditarima
ka Alloh ngarep ni'mat ku ikhlasna
supaya jaga salamet riweunahna ( nyambung )
Elmu Ushul (tauhid)
Uninga ka Alloh kalayan yaqinna
Ku ngucap dua kalimah syahadatna
pikeun sah iman jalma anu kawasa
Lamun ngabenerkeun hate jeung amalna
Iman sok aya kurang jeung sampurnana
kudu aya tina iman panambahna
jeung dina bersih manah kana nganyarna
Ku seueur sholat jeung kana ta'atna
Jeung ninggalkeun perkara nafsu syahwatna
Mangka ari nafsu syahwat mareng dosa
Nungalantarakeun kana teuas hatena (nyambung)
Selasa, 22 November 2011
Wilujeng Tepang
بسم الله الرحمن الرحيم
Assalamu'alaikum wr.wb
Puji ngan dipibanda ku Dzat Nu Maha Suci , Puja ngan ditujukeun ka Alloh Dzat Nu Maha Kawasa, Rohmat sinareng salamNA mugia tetep ginulur ka Kangjeng Rosul SAW, naratas ka Karib karabatna, ka wargi sahabatna oge mugia lungsur ka sakumna dulur, baraya saagama dugi ka akherat kelar.
wilujeng tepang sareng simkuring........dina ieu blog mugia malah mandar aya manfaatna dina seja milari jati diri salaku manusa sajati.......amiien
Langganan:
Postingan (Atom)